Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Minggu, 29 April 2012
Heru Supanji: DASAR AWEWE
Heru Supanji
DASAR AWEWE
Salaki: Manehna, si ema bieu nelepon isukan rek ka dieu. Kareta na jam 4 subuh tepi na.
Pamajikan: Karek ge opat bulan katukang kadieu, piraku geus rek kadie deui? Isukan mah Ahad, telat atuh ngabejaan teh. Keun bae sina datang sorangan ari jam 4 subuh mah. Dimana neangan rental mobil wayah kieu wari?
Salaki: Lain indung kami, indung manehna puguh nu rek kadieu.
Pamajikan: Baruk si ema nu kadieu teh? Asa karek 2 bulan nya ti dieu teh? Dengekeun bapana, tah nomer telepon rental mobil... bejakeun isuk rebun-rebun kudu geus didieu. Kabeneran atuh poe Ahad jadi barudak keur pere jadi bisa jalan-jalan jeung nini na.
(Tarjamah bebas tina: Mom Is Coming)
Dedi Ruspendi: WA HAJI
Dedi Ruspendi
WA HAJI:
Nelah wa haji soteh saparantos angkat ka mekah. asalna mah estu jalma biasa-biasa nu teu tentrem di masjid. Aber-aberan we ka maqam jeung tempat anu suni upami ditaros walerna : ".....Uwa kacida hariwangna ka ahlaq jeung moral bangsa, aber-aberan ka maqam oge hayang meunang pituduh ti Allah sangkan bisa ngabebenah bangsa jeung nagara. Kapan Nabi Muhammad sareng Ibrahim oge ngantunkeun tempat ibadah, milari tempat suni memeh dipaparin tuduh jalan teh..."
"...Tos mendak tuduh jalan wa?" Kuring muka obrolan ka wa Haji. "Encan jang, teuing kudu kumaha memeres bangsa jeung nagara teh". Kuring mesem "....Wa kapan Nabi Muhammad oge kenging tuduh jalanna di Guha Hira. Angkat geura Uwa ka ditu....". Wa haji nyentak "...Gableg duit timana ua kudu kaditu, kapan keur jarah didieu oge ngaduakeun huap jeung duit salingkuh ti pamajikan...."
Nanging kitu kakawasaan mantena, wa haji angkat ka mekah duka gaduh artos salingkuh timana. Enya we dongengna, salami diditu teh ngadon wirid sami sareng di maqam di urang nyorangan di Guha Hira. Batur ka hotel teh anjeuna mah ninggalkeun maneh.
Balik ti Haji kalah ulukutek di hiji dalang. Teu pira tukang mang nyieunkeun cikopi jeung mang ngumbahkeun mobil, sakapeung sok mang nyupirankeun lamun dalang indit atawa boga acara.
Wa haji jamedud ti kajauhan tara-tara nyampeurkeun ka kuring gentak we ditanya "....Timana wae dupi wa haji meni lawas ti lawas, kumaha hasil orod di Guha Hira teh...."
Jiga nu lungse ngalungsar dina bale "....Jang uwa teh meunang tuduh jalan pikeun memeres bangsa jeung nagara kudu ngahijikeun dua samudra anu lega tur jero. Teangan mataholang ki Sunda, kitu pituduhna teh..." Wa haji narik napas panjang "....Hanas uwa sataun jadi badega di hiji dalang hayang nyaho mataholang Sunda kapan dalang mah tingkat budaya nu pangluhurna. Meh sataun jang barang gorehel teh eta mah kamusyrikan jeung pasirikan...."
Kuring neuteup wa haji anu jauh panineungan....."..Dimana atuh mataholang ki Sunda...???????" Wa haji ngagerendeng. Kuring naghuleng.
Ucin Herfin
Ucin Herfin
basa teuteup eunteup aya geter simpati nu murag na jajantung karasa gederna duriat nu kiwari ilang tanpa raratan anjeun mulang teuing kamana.... duka iraha eta geter ngageder deui ngahudang kateu purun nurag-rag teuing ka alam mana aya kecap pileuleuyan... junjunan
Diki Nugraha Kodar
Diki Nugraha
aya urang sunda nganjang ka urang jawa, pas nepi kabeneran keur taruang urang jawwa na teh, ari ceuk urang jawa
"mari makan dulu" ceuk urang jawa
"mangga atuh" ceuk urang sunda
"silahkan " ceuk urang jawa bari ngasong keun sangu jeung deungeun na
"aduh hatur nuhun pisan" ceuk urang sunda
basa rek mawa angeun haseum na meja urangjawa teh ngomong
"nah ini "JANGAN"(terj :sayur)
rek mwa deui ka na mangkok hiji deui eusi na angeun sop
"ini juga "JANGAN" ceuk urang jawa
urang sunda teh mawa deui ka na wadah hiji deui nu eusi na angeun kacang
"nah yang ini juga "JANGAN" ceuk urang jawa
bari semu ambek urang sunda teh nangtung bari ngomong
"ari dewek kudu dahar naon atuh, ieu jangan, itu jangan...???"
Fragmen Kareta Ekonomi
Iwan Ardhie Priyana
Fragmen Kareta Ekonomi:
Dina kareta ekonomi, tukang ngamen dangdanan penyanyi metal, nyanyi lagu dangdut teu puguh dengekeuneunana. Beres nyanyi ngasongkeun topi dibalikeun bari nyarita teugeug jeung rada molotot..”Bapa moal jadi sangsara mere duit lima ratus perak, kuring moal jadi beunghar” Eusi topi satengah pinuh ku duit receh jeung lambaran duit keretas kuleuheu.. Teu lila jol nini-nini leumpang uyup ayap bari ngasokeun leungeun. Lapur euweuh nu malire.
Eka Gandara Wk
Eka Gandara Wk
Teu hade nyebut putus asa mah. Tapi da kumaha atuh, ihtiar mah geus beak dengkak. Tatamba geus kaditu geus kadieu,teu cageur keneh wae. Kabeneran panggih jeung sobat dalitna, urang lembur tonggoh. "Kunaon On siga aya nu dipikiran ?" ki sobat nanya si Oon. "Puguh enya, mikiran panyakit teu cageur cageur. Tatamba mah geus ka kulon geus ka wetan, geus ka kudul geus ka kaler. Teu sirikna unggal dokter unggal tukang ngubaran geus dicobaan, tapi ieu panyakit haram jadah teu cageur cageur". Sobat si Oon ngarenghap siga nu milu prihatin ka si Oon, tuluy nyarita "Di lembur tonggoh aya kolot nu biasa ngubaran panyakit kitu mah"........Gancangna carita si Oon geus aya di imah tukang ngubaran tea. Hiji kolot nu katempona pinuh ku wibawa tur sidik permana tingal."Bagea Ujang, bagea sumping. Katempona siga siga aya nu dipimaksud. Aya naon Jalu.....? Rek tatamba, nya ? Kunaon Jalu ?" Si Oon tungkul teu wani neuteup pameunteu si Kolot. " Sumuhun aki,....... abdi teh B u r u t ". cek si Oon singet pisan. " Hmm burut......terus kumaha ?" cek si kolot. " Sumuhun numawi kadieu teh..... hoyong sae, aki...." cek si Oon deui. "Eueueuh....., hoyong sae nya ? Gampang atuh, ke dagoan sakeudeung" walon si kolot bari jung nangtung, sup ka kamarna.....Teu kungsi lila kaluar bari song ngasongkeun minyak jeung wedak ka si Oon. "Tah kieu, olesan sing rata nu burutna ku minyak, sanggeus rata wedakan sing rada kandel. Tuluy poyankeun unggal isuk-isuk. Insya Allah sae......" sanggeus nganuhunkeun si Oon mulang. Ti harita unggal isuk-isuk si Oon ngalaksanakeun pituduh si kolot tea. Unggal isuk-isuk "moyankeun" nu geus meunang ngolesan minyak jeung geus diwedakan tea. Enya, moyankeun burutna.....! Sapoe dua poe, minggu geus tepung minggu malah geus aya tilu bulanna "si burut" teu cageur keneh. Ambek nyedek tanaga midek, si Oon ngajorag si kolot tukang ngubaran tea....."Ari sugan teh heueuh tukang ngubaran jago, tukang ngubaran ces-pleng.Geus aya tilu bulanna, geuning Burut kuring teu cageur keneh !" si kolot molohok, terus nyarita"Har ari Ujang,......kapan harita ceuk Ujang hoyong SAE.....lain hoyong cageur.....!"***
Eka Gandara Wk
Eka Gandara Wk
Cek barudak ayeuna mah "orang udik".Tapi mungguhing nasib, manehna meunang milik nu kacida gedena. Ras inget kana cita-citana hayang nyaho pulo Bali, pulo nu disarebut pulo Dewata. Teu nunggu ganti minggu belenyeng we indit muru pulo implengannana. Teu kagok, inditna oge make kapal udara. Nyacapkeun kapanasaran tidituna mah. Di Bali, puguh we palahak polohok, ma'lum nu kakara indit-inditan jauh. Komo barang nempo bangsa deungeun nu ngadon suka-suka mah........! Jorojoy rasa panasaran hayang nyobaan gaul atawa saeutikna nurutan naon anu dipilampah ku urang luar nagri. Teu mikir panjang, sup asup ka hiji Diskotik nu keur sedeng rame. Manehna nyidik-nyidik malah mah nyobaan ngarekam paripolah bangsa deungeun nu aya di dinya. Jorojoy kabita hayang nginum cara nu diinum ku para tamu. Terus ngadeukeutan Bar tender bari teu kendat nyidik-nyidik tamu nu pesen minuman. " Martini...!" cek nonih bule, teu lila Bar tender ngasongkeun pesenanna."Whiskey...!" cek nu lian, "Jhoni Wolker..!" cek nu sejen,"Jack Daniels...!"cek nu lainna deui......... kahanaang ditambah kabita ku polah para tamu ngajurung manehna nyampeurkeun ka Bar tender...........................kalawan yakin pisan pokna :
" Oon bin Haji Muhyi.........!"*****
Langganan:
Postingan (Atom)






