Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Kamis, 03 Mei 2012
Andy K Sauyunan
Andy K Sauyunan
"..... Cikaracak Ninggang batu, Laun-laun jadi Legok
Nincak ruhak dina batu, Laun-laun ngagorowok ......... "
Aga Aby Langga
Aga Aby Langga
Ngalanglangan pakidulan garut Ombak basisir ketir dina Terbalik eta sayang helang kakarang Gajah los ka jojontor sancang.cenah ceuk Beja bahela aya nu nagara Sancang pakuan Pajajaran ka telahna Prabu Siliwangi nu jadi rajana sakti Mandra guna.Bade Di ISLAM keun anjeun na alim di udag putrana prabu kian Sancang ilang dileweung eta tilem dileweng eta geueman.
Rinto Variasirias
Rinto Variasirias
Tilu POE NU geulis ...
Geus tilu poe nu geulis maledog imut ka Kuring, numbles linu kana jantung. Saperti ordinary TIAP selai Tujuh isuk isuk nu geulis Bakal ngaliwat handapeun jandela tempat Kuring nagog diluhur Imah kontrakan.
Nya Geus tilu poe Kuring megat nu geulis. Sayagi udud kopi pikeun maturan Kuring dina raraga Mapag imut gratisan nu ngapung tinu teh ngalangkung.
buuk Kuring Geus meunang ngaminyakan rapi dientep SISIR. Benci kadang-kadang sok tumanya. Naha urang mana eta awewe teh, Keur geulis teh bari Akur deuih? Ngan eta mah nu sidik si cantik teh pagawe anyar dipabrik nu aya di kuloneun tempat Kuring cicing. Aleukh, ITU gening Datang? Kuring asa Bungah pisan Barang nempo manehna ngarongheap.Tapi Kuring ngadadak jadi hareugeu'eun basa katempo manehna nyolendangkeun Aisan bari dibarengan ku lalaki nu mamangku budak. Saliwatan manehna ngarindat tuluy kelinci-kelinci, Kawas api-api teu katinggali. Beugh, teu singna geulis, beungeut kitu mah pasaran! Ceuk Kuring ngabeberah sorangan, bari nguyup cikopi nu Tinggal gegedohna.
Hilda Iskandar: Saréngsé na hujan
Hilda Iskandar
Saréngsé na hujan
"Ma............................"
kuring lumpat moro tulak, barang bray dibuka "Gusti Ucu.....kunaon meni rancucut kieu?" naléngténg hariweus-weus nanya ka si jalu
"Alhamdulillah Ma dinten ieu mah mucekil geningan!" témbal budak bangun nu atoh.
Song kuring mikeun anduk, budak téh nyampeurkeun bari nyarandékeun payung 3 siki dina sisi korsi nu aya di tepas.
"Ieu Ma tambih lumayan sugan tiasa kanggo nambihan mésér landong Abah" budak téh ngasongkeun duit nu geus nguwel bari jung asup ka jero imah.
Kuring mémérés duit nu geus nguwel jeung baseuh, aya kana genep puluh rebu na diitung téh. aya nu baseuh na juru panon.
Bati ngan bisa ngalimba jeung ngaheruk "Gusti mugia abdi sing kiat...haté mah teu mikeun budak jadi tukang Ojég payung téh....nuhun Gusti abdi parantos dipaparin murangkalih anu sakitu janglarna!" berebey ci panon teu ka ampeuh...
Endang Kasupardi: PALANGSIANG KU SI ÉTA WÉ
Endang Kasupardi
PALANGSIANG KU SI ÉTA WÉ ***
Pun Aki anu niat badé ka jamban, seja abdas. Teu jadi. Sakedétan gura giru néang lomari. “Bisi alamat nyi Encéh ka panggi . Duh dimana komprang téh?", gerentesna.
Weléh. Can kapanggih. Peuting malah geus simpé. "sok wé sing tarik kérékna", gerentes deui pun aki basa ninggal pun nini tos tibra.
"Bisi perelu yeuh tutupan tah panon téh ku anggel". Kituna téh bari terus ngotéktak alamat.
"Tuh diditu. Handapeun piring. Tadi jang Encu kadieu. Ah dipasangan we sarebueun", saur pun Nini bari nyangigir nonggongan ka pun Aki anu ker anteng ngotéktak alamat.
"Naha atuh lain 10rb eun mun urang mah", pun aki asa kajalan.
"Heuheuy deuh. Alamat nyi Encéh duméh aya nomer imahjeung no hp disangka buntut nalo, meureun. Aman Uin” ,'geretesna deui.
"samalah tadi anu aya dina alamat oge tos ditepungan", gebeg. Haté pun Aki ngagebeg
“Naha maké ditepungan? Hayang ngayakinkeun, naha bener henteu éta nomor. Lain info jongklok. "heueuh atuh alus. kumaha jawabna?" "nyéta ukur panggih jeung Hangsip".
“ Terus?", ah engké mah mun kadieu deui rék dicarék wé cenah".....
Naha maké dicarék?".
“Méh anu meunangna teu loba cenah. Api-api wé dicarék jeung bakal dipapagahan. ulah sok daék masang nalo. Haram".
"Beuh sugan teh", cek gerentes hate pun aki.
"Dimana ayeuna keretasna?" dibikeun wé ka hangsip".
"Aduh...", hate pun aki ngagebeg deui. Mangkaning nyi Enceh teh méré no hp. Duh boa si Demplon téh ku si hangsip wé meureunnya....kasebeleun.
Anunsiata Srisabda: "UNG"
Anunsiata Srisabda
"UNG"
urang bingung, teu nyaho mana nu mimiti, mana nu tungtung
TAPI urang mah nyaho pisan si Untung, babaturan saya nu rada tutung
bogoh pisan ka si Nunung, sanajan teu Boga sihung, si Untung Boga puisi sagunung nu ngahiung. Teu nyaho kumaha mimitina si Nunung Kembali bogoh ka si Untung. Meureunan si Nunung Keur bingung ditolak Cinta ku si Pulung nu jangkung, Jadi manehna rada linglung.
Ah TAPI da ngarana ge Cinta, Jadi teu nyaho kudu kumaha mimitina, nu ayeuna urang iuran pasti nyaho tungtungna, si Untung Jeung si Nunung rek kawin di sasih pang tungtungna di Tahun Pilih kategori. Mas kawina nya eta Tadi puisi Untung nu sagunung. (puntennya, Pilih kategori mah carita fiktif, upami aya nami nu sami, ulah bendu .... hehe ... Hidup Untung)
Rabu, 02 Mei 2012
Yuharno Uyuh ONod: "BAJING LUNCAT"
Yuharno Uyuh ONod
"BAJING LUNCAT"***
"Uded Kacapi" katelahna. Da pedah manehna alus, parigel dina ngacapi. Aya budak awe ngarana Euis, datang ka kamar kontrakan Uded, budak awewe teh pantes geulis beresih kawntu masih abg. Manehna hayang diajar ngacapi da aya rencana rek asup ka SMKI. Uded ngacapi hareupanana Euis. Nembongkeun kaparigelanana bari gumasep hayang ka alem. Geus kitu terus ngasongkeun kacapi kana lahunan Euis bari jeung noelkeun curuk sagala kana kana tuur. Eui ngagurubug getek. Uded "nyengir kuda". Euis metik kacapi dina lagu bajing luncat, ari kenongan laguna saralah. "Euh.. lepat atuh neng metikna..., Ceuk Uded, kituna teh leungeuna bari ngaragamang nyontoanana titukangeun Euis, dina posisi nanggkeup. Selengseng seungit parfum. Serrr jedud, jeduk aya nu dukdek kana diri Uded. Euis tonggoy bari ngalagu bajing luncat. Uded sajeroning ngacapi samar polah, leungeuna ngageter geus teu meneran kawat kacapi, jung nangtung berebet lumpat muru wc. Euis kaget." Ku naon Kang, nyeri payuangan..? Uded nembalan ti jero wc. "Sanessss.... Ieu Bajing akang rek luncat....
Langganan:
Postingan (Atom)





