Kamis, 26 April 2012

Arlyn Crafts

Arlyn Crafts
kawitna sim kuring teu tiasa basa sunda. mung ku pun bapa nu pituin urang jawa dipaksa maca mangle. dugi ka langganan sagala. Alhamdulillah aya karaosna. janten teu isin teuing pami kedah biantara hatur nuhun Pa. mugi katampi Iman Islamna....

Rinto Variasirias: ngalamun

Rinto Variasirias ngalamun Geleser mobil hammer kuring maju lalaunan muru hotel sanggrila Plaza. Neng jupe diuk gigireun kuring bari nyonyoo berlian pamere ti kuring. Bajuna nu lahak nembongkeun buah Vitamin nu nonjol matak kumerot nu nempo. Mobil geus nepika Benhil, ujug2 pasanggrog jeung iring2an presiden. Kuring turun nyakitu deui presiden, tuluy sasalaman bari silih rangkul. "A pangalakeun cai yeuh!" ceuk Julia peres bari nunda ember gigireun. Kuring nu keur ngalamun bari ngalinting bako mole nguniang ceungkat tuluy ngarawel gagang ember. Sedengkeun pamajikan ngaleos muru walungan rek nyeuseuhan.

Kang Ties: Paisan kosong

Kang Ties Paisan kosong Tika&Bram. Poe minggu. Tempat, gedung serbaguna pusdikter. Uing bati olohok. Leuh jadi, salila ieu uing jeung si anton parebut...Gap, kana caréham. Masih karasa urut peureup si anton mangkukna. Bray, kabayang si anton nu nyukruk ka solokan. Gidig kaluar, babaturan sakelas nanya teu di waro. Pikiran museur ka si anton. Sugan ngahampura kana kasalahan uing salila ieu ka manéhna.

Abok Asep

basa jang abok nuju PKL di salahsahiji sakola SD, kabeneran cicing di hiji imah warga masarakat didinya, gancang na carita di hiji peuting abok ngobrol jeung nuboga imah nyaritakeu yen jang abok teh resep pisan tah kana buah ganas ( nanas bhs Indo ), komo lamun tengah poe eta ganas teh dipake metis, mang Rohim " atuh ngala we jang ari resepmah tuh dikebon " abok " ari kitu palih mana kebon na pa ? " mang Rohim " eta jang di tukangeuneun sakolaan " cenah bari curuk na nunjuk kahiji tempat, sok ngala we da asanamah kamari ditempo ku bapa aya nu geus rada arasak, jang abok " muhun ah ke abdi sareng rerencangan kadinya bade milarian " tilu poe tiharita jang abok karak inget, kabeneran harita teh poe minggu, di tempat kosan sabagian anggota kelompok mulang gantian, jang abok ngaleos ka dapur terus mawa bedog, lamun ceuk urang bantenmah golok cenah. terus leumpang ka tukangeun sakola, sup kakebon terus ulak ilik neangan ganas nu asak, bari atoh nahatena tah ieu mah geus asak ngomong sorangan bari clek eta bedog teh di kadekeun kana ganas, barang rek ngadek ganas nu katilu, ari pok teh aya nu ngomong " keur naon jang ? " nu anyar datang nanya jang abok " nuju ngala ganas " pokna nuanyar datang " ari kitu ieu kebon saha ? " jang abok " nu mang rohim " bari jongjon ngaberesihan daun ganas nuanyar datang " sanes jang ieumah kebon emang " na atuh gebeg teh manehna ngagebeg bari katempo beungeutna pias, horeng salah asup da kebon mang rohim mah belah kidulna deui, bari rumpu rampa jang abok mikeun ganas kanu boga kebon bari nyarita, punten pa manawi teh ieu kebon na, tapi eta ganas teu ditarima, sok candak we sawios, bari ngaleos jang abok mawa ganas nyarita " nuhun pak " tetep ari beungeut namah angger pias ka eraan.

Gerentes hate

Gerentes hate
beu kieu geuning karasana nunggeulis hirup sorangan teh, cukleuk leuweung ceukleuk lamping juah kasintung kalapa...." gerentes hate", ret kana kaca eunteung nu ngadaplok dina palang dada, ahk....gede eukeur dewasa eunggeus, piraku rek nyalindung wae kanu jadi kolot...Bismillah wae ahkk....teu pati-pati pangeran ngadegkeun kuring di jagat promudita mun teu jeung bekelna....

Tatang Sumarsono : KELIR

Tatang Sumarsono
KELIR Aya iber pabuburit: manéhna rék datang. Laju waé tatahar, bisi enya. Matuh tempatna, kawas sasari mun keur nganti, ngalangeu di antara jajaran pot kembang. Langit dikelir layung. Manuk goléjra eunteup ‘na kaben telepon—ngajak guntreng. Geuning tacan jol waé? Jigana bakal karasa kareueutna hirup, mun kamarudah teu haben ngukuntit, mun karempan pukah masing anggang. Anteng nyorangan. Antukna tepi kana kacindekan, meureun isukan. Lalangsé nutup lalaunan.

Jos Sajah: # Lilis jeung Facebook #

Jos Sajah
Fikmin # Lilis jeung Facebook #
Unggal aya kereteg rasa kasieun leungiteun, kuring nulis status keur Lilis kana facebook. Unggal aya rasa katresna kanu panggeulisna, kuring nulis status keur Lilis kana facebook. Unggal aya do'a nu pangalusna, kuring nulis status keur Lilis kana facebook. Unggal ceurik balilihan bati rumasa kuring sakieu ayana, kuring nulis status keur Lilis kana facebook. Ngan ukur mangsa barudak geus sarare tibra, kuring ngaleupaskeun sagalana keur Lilis kana Lilis pribadi.