Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Rabu, 02 Mei 2012
Yuharno Uyuh ONod: "RUJAK lADA"
Yuharno Uyuh ONod
"RUJAK lADA" ***
Sakulawarga eta mah meni resep pisan kana rujak lada teh, kaasup budak anu bungsu. Kawantu anak bungsu ogoan sare oge embung pisah jeung kolotna, percis budak Kang Oon. Si Bungsu mah teu kaop teu kaajakn ngarujak sok baeud ambek-ambekan. Isuk-isuk hudang sare, Si Bungsu teu pupuguh jol-jol samutut baeud, dititah sarapan mugen kalah nangkeup harigu. Diolo ku indung bapana weleh teu daek dahar. " Ari Dede kunaon bet ambek-ambekan teu pupuguh, naon atuh dosa bapa jeung mamah teh.? Si Bungsu ngajawab. "Bongan teu ngajakan ngarujak, engga sayang lagi ka Dede nya..? Indung bapana kaget. "Na da bapa jeung mamah mah teu ngarujak..., Si Bungsu ngadilak. "Bohong ah..., ari wengi mamah sareng bapa geuning kunaon bet sareuhah...., Pokna. Indung jeung bapana silih reret bari seuri keom semu era.. hehehhh
Manik Sundayana
Manik Sundayana
Upami seueur teuing carponpis nu eusina bodor, naha moal robih kitu ieu teh janten grup bobodoran ?
Rupina grup bobodoran mah parantos rentul di facebook. Kumaha para pangasuh ? Sim kuring usul supados carponpis mah gaduh ciri nu mandiri.
Hapunten boh bilih usul sim kuring kirang utami.
Rudi St Darma: "édan"
Rudi St Darma
"édan"***
pokona moal béja-béja kumaha timana mimitina, mun carita gé lain bangsa carita nu maké géréwéwéw komo kudu méncédél mah. tong salah, eweuh si éta mah moal aya indonésia, moal aya étika, moal aya législatif nu wibawa, moal aya.. ah geuslah bisi disangkan tukang bohong jeung loba olol ocon. kukitu kukieuna sim kuring ménta dihampura, tuh dikitukeun mah hampura gé jadi matak manpaat (punten ngudag minimal 50 kecap, ieu carita ditamatkeun, éh sakalian mihapékeun salam ka néng nu geulis téa)
Ucu Hadiatini
Ucu Hadiatini
Basa kuring balik ti pasar, kasampak bapana barudak keur sidengdang na bangbarung bari katempo paromanna alum bangun aya katugenah, palangsiang..........
Aki Pamanah Rasa
Aki Pamanah Rasa
Garabag,terus ceuceuleuweungan bari ajrag-ajragan, sagala dirangsadan horeng aya oray kisi asup kana jero calana kolorna, disangkanamah meureun babaturanana..
Lies Tjandra Kancana Sudarma: "SIM CARD "
Lies Tjandra Kancana Sudarma
"SIM CARD "***
Isuk-isuk keneh Indung kuring nyalukan Pamajikan nu keur nyieun sangu goreng
" Ning..." Cenah bari nyarande kana lomari makan. Pamajikan kuring ngalieuk ;" Ada apa Mam.." Jawab pamajikan kuring mah ngajawabna ku basa Indonesia wae da urang Jaw
" Nih Mam ngasih ini, katanya kemarin mau ganti sim -card pake Simpati." Bari song Indung kuring ngasongkeun sim -card ka pamajikan kuring. Ning nangtung, cium tangan ka Indung kuring " Asyiiik " cenah, atoheun da si cikalna simcarda sarua Simpati jadi njan lila ngobrol ari sarua Providern mah murah.Puguh atoheun.
Kuring ngan saukur merong ka Indung kuring Ongkoh kamari mani keukeuh hayanng ngaganti kartu Mentarina ku Simpanti Indung kuring ngleos ka kamarna.
Kuring jeung pamajikan silih pelong. Teu ngarti.
Langganan:
Postingan (Atom)






