Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Sabtu, 05 Mei 2012
Yetti War fikmin: # Nyubuh #
Yetti War
fikmin # Nyubuh #**
Bu kade nya hilap enjing teh angkat tabuh opat, cek sms.
Insyaallah bu Win manawi teu kasiangan, jawaban sms
Terus beberes ngarah isukan euweuh nu tinggaleun.
Saha nu nyarengan bu ?cek sms deui
Teu aya bu tadina mah bade ngabantun orok huisan mung mugen ning nya wayahna we bade sorangan, sms mangjkawabkeun
Lies Tjandra Kancana Sudarma Carponpis " Kumaha Lamun ?"
Lies Tjandra Kancana Sudarma
Carponpis " Kumaha Lamun ?"
Geus lila kuring niis dihiji tempat anu jauh k kota,. Dihiji tempat anu matak ngahenang ngahening. Unggal poe nu kadenge iwal ti sora cai walungan jeung recetna sora manuk sarta ningali kaendahan alam sakuriling. Diditu pisan kuring niis bari hayoh we ramo teh nguyek din key-board Lap Top kuring bari ngadengekeun sora bangkong tikajauhan ari tengah peuting.
Sore kamari kuring dianteur ku si Bungsu jalan-jalan di Bndung. Leuh asa kacida ramena bari jeung macet. Sababaraha kali kuring nempo aya sababarah nonoman anu make iket mani matak resep katempona. Barudak ngora bari suka seuri ari sirahna make iket model Barangbang Semplak ? Kuring ngan sukur ngarasa reueus,
Kumaha nya lamun..eta iket dijadikeun kabudayaan keur Urang Sunda dimana wae? Geuning lucu, moal eleh ku Urang Bali ?
Wawan Darmawan: Solat
Wawan Darmawan
Solat
: Ustad pulan boga anak awewe keur meujeuhna rumaja putri. Sanajan anak ustad si nyai teh ka asup jalma gaul. Ari ki Ustad embung eleh ku anakna. Dina ceramahna sok diselipkeun kekecapan atawa istilah gaul. Hiji waktu anakna menta duit pokna teh rek direbonding.
Ustad : "Naon ari rebonding teh nyai"
Anakna: "Eta bah ngurus buuk dilempengkeun, pan nu nyai mah goreng"
Eta istilah teh ku ki ustad diapalkeun. Hiji waktu ki ustad ngimaman solat.
Ustad: "Cobi jamaah, singrapet taratihna, sareng barisanana DIREBONDINGKEUN !"
Aga Aby Langga
Aga Aby Langga
nalaah diri - di cisewu malekmeuk langit nu lawung wanci nu harita rek nalekeum ka peuting ngalih inci di bung bulang kamelang teu weleh nyayang bet kuring kabengbat ku anu nyieun duriat nu mantak tibelah urang anjok tepang di juru lapang cikajang anjeun ngawur imut gunder teteup anteung kajongjonan di juru lapangan ngamplang.na anjeun teh saha jeung saha atuh nu boga horeng anjeun kedi amis budi.
Dewi Ratna Damayanti: Tamba
Dewi Ratna Damayanti
Tamba***
Mekprek sandekala, ngarendos kalong wewe. Tinyuh ku cimata langit. Sok suguhkeun. Omat tong bejaan batur yen eta tamba keur nu borangan.
Kang Ties: Serat kanggo Rini
Kang Ties
Serat kanggo Rini***
Upami Wengi kaleresan Purnama dina embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir
Tikukur. Sono Nambihan! Émut ka Salira nu calik dina pangkonan pageuh meulitkeun panangan kana beuheung, sareng Raray nu dangah ngalebuhkeun Purnama, nu nampeukeun kareueutna tresna. Ah, apal waé Salira mah kana kalemahan haté Aang, nu teu kiat nadah teuteup ceuleuyeu nu sapertos patingkaretipna bentang ningker Purnama itu, sareng basa gelebug angin nembag ngarewégkeun tirisna ka Urang. Salira ngaharéwos, "Kalebet yu, aya nu sapesial geura!". Kiwari sami! Aang nuju calik di tepas katineung Urang, bari carinakdak neuteup Purnama na embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir Tikukur, nu kakalieusan dina hunyudan pepedut, nuju ngadamel serat kanggo Salira. Mudah-mudahan waé dugi kana pangkonan Salira, nu nuju nganti, calik di Patamanan Nagri nu éndah, nu tangtos hiji waktos bakal ka sorang ku Aang, Rin!
Langganan:
Postingan (Atom)






