
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Sakitu nu kapihatur
▼
Senin, 30 April 2012
Heru Supanji: LOTEK LADA
Heru Supanji
LOTEK LADA
Keuheul budak teu daek sare bae, antukna listrik ngahaja dipareuman tina bohenser ku Ki Salhiam. Jepret....poek weh. Budakna ngoceak da bakat ku sieun poek anu kacida meredong.
Bi Salhiam surti, geuwat budakna dirawu dipepende sina sare. Teu lila, jempe budak teh tayohna mah tibra.
Dina meredongna kamar, Ki Salhiam ngalaksanakeun ibadah nganapakahan batin Bi Salhiam. Salse bae da boga anggapan budak geus tibra.
"Umi....Umi..... ujang hayang lotek...!" ceuk budak anu disangka tibra teh.
"Lotek timana Ujang wayah kieu wari...?" walon Bi Salhiam haroshos.
"Geuning eta Abah seuhah...?" ceuk budakna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar