Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
basa-basi garita kang emid ditanya ku uhro,cenah mah basa basi uhro :wilujeng sumping ,kang emid kumaha damang??... kang emid :matak kuring bisa datang kadieu ge cageur apanan,mun geuring mah ngarengkol weh di imah..... ..... **aeh eta kang emid...hehehe ^_^
Basa aya nu datang ngalamar kuring. Anak nu awewe nanya.
"Kumaha Mah, bade ditampi?" Kuring cicing teu nembalan. Aduh..bingung!
Dina hate masih aya nu ngancik. Sajongjongan kuring ngahuleng. Lamunan
nyoreang mangsa katukang. Waktu munggaran patepung jeung manehna. Aya
geter asih nu wening. Nu nepi ka kiwari, rasa eta tetep nyangkrung dina
hate. Teu daek leungit. "Mah...!" gebeg. Sorahttp://www.blogger.com/blogger.g?blogID=3619673330402940287#editor budak ngabuyarkeun lamunan. "Oh..., ke bade ngemut heula. Antos we dugi ka seep sasih..!" tembal kuring.
Garabag,terus
ceuceuleuweungan bari ajrag-ajragan, sagala dirangsadan horeng aya oray
kisi asup kana jero calana kolorna, disangkanamah meureun
babaturanana..
Basa
kuring balik ti pasar, kasampak bapana barudak keur sidengdang na
bangbarung bari katempo paromanna alum bangun aya katugenah,
palangsiang..........
Tidak ada komentar:
Posting Komentar