Rabu, 09 Mei 2012

Wawan Darmawan: Ceuk batur ieu mah

Wawan Darmawan
Ceuk batur ieu mah Mang Bonay nu leket ibadah ngarasa dosa sabab peuting tadi manehna tas ngalakukeun jinah. Setan anu ngagoda saleuseurian ting barakatak nyarekelan beuteung, seeleun ningali kalakukan mang Bonay nu sedih kaliwat saking. Sadar kana dosana, waktu subuh manehna indit kamasjid. Maksudna rek solat sakalian menta pertobat. Sajajalan panonna cireumay. Atuh waktu solat kacida khusuna. sanggeus beres, terus dzikir jeung menta pertobat tina sagala dosana tea bari peureum reumbay cimata. Ari iman surti terus nanya Imam ; ku naon ujang mani siga sedih pisan Bonay : Nu mawi ustad sim kuring teh kagoda setan,tos ngalakukeun jinah (teu wasa melong ka imam, da era. Manehna tungkul, peureum reumbay cimata. Imam :Enya kudu kitu kuduna, sugan we urang teh dihampura dosa ku Nu Kawasa. Bonay beuki ngarasa sedih jeung era, tapi manehna tetep tungkul teu wasa ningali, bororaah ku jalma ku sireum ge manehna teh eraeun pisan. Imam : Naha atuh jang mani teu sadar. Jeung saha ujangn teh jinahna. Bonay : Nu mawi pa Ustad ... kalepasan... nu dijinahan teh mitoha istri. Bareng ngadenge ucapan Bonay Imam teh lain mapatahan kalah ka nyiksa Bonay bebeakan. Disiksa kitu teh Bonay pasrah, ngan panonna beunta. Barang ningali manehna ngaranjug, Sihoreng imam teh geuning mitoha lalaki. Paingan tadi

Ruhiyat Sumardiharja

Ruhiyat Sumardiharja
Nomer Jitu****** Jin Beureukok anu ngageugeuh di Bandung jeung jin Borokokok anu ngagegeuh gawena guntreung...!,lamun hanteu galungan!. Anu ngarana jin lamun urang menta manehna datang, deudeuganna ngabeuleugeudeug hideung jangkungna pohara pisan , ceuk caritamah palapon imah ge tobros. Sasajenna cukup areung sakarung, engke lamun areung ku urang diceupeung ancur, eta tandana sasajen geus diteureuy ku eta jin. Mulung carita Jin Beurokok jeung Jin Borokokok keur galungan di Parapatan Lima. Jin Beurokok nyabutan tiang listrik jeung tower anu aya di sapanjang Jl. Asia Afrika terus dipalengngpeng – palengpengkeun ka musuhna nyaeta Jin Borokokok, kitu deui Jin Borokokok teu eleh ngabaleus maledog-maledogkeun wangunan,tukang dagang kaki lima,tukang dagang asongan,tukang koran, tukang beca jeung kuli bangunan nu kabeneuran aya. Kaayaan jadi bocar – bacir manusa nu marake mobil , motor ngararacrit, sabab inggis kapalengpeng atawa kabaledog. Pasalna mah sapele sangkan kadua jin jadi geulut, nyaeta masalah nomer kode buntut, masing – masing ngarasa geus mere nomer kode buntut jitu ka manusa. “ Nomor kaula kudu kaluar, mah!”. Ceuk jin Beureukok. “ Nomor kaula nu kudu kaluar mah, hade, jitu moal bireuk !“ Ceuk jin Borokokok. Beleutak sirahna jin Borokokok diteke ku Jin Beureukok nepi ka benjol sagede kalapa. Plak! Jin Borokokok nyabok pipi Jin Beureukok nepi ka bareuh sagede baskom. Teu lila gudubrak gedeubrug jin Beureukok eleh jajaten ngulampreh, kapiuhan dina ruruntuhan ipalengpengkeun jeung baledogan tadi. “ Huh..huhh ampun..ampun...kaula eleh, please! lah nomor sampean nu kaluar, nomor kaula mah lain waktu bae kaluarna, tapi sampean bisa mastikeun eta nomer bakal kaluar. Ceuk Jin Beureukok nanya. “ Pasti, pasti!” jawab Jin Borokokok “Tapi kaula aya hiji pamenta“ Ceuk jin Beureukok deui. “ Pamenta naon sok kecapkeun?” Ceuk Jin Borokokok balik nanya. “Kaula menta pimpinan kaula bisa reugreug hatena, korsina teu dioyag-oyag ku leutak jeung sagala kahayang dicumponan, kumaha?” Ceuk Jin Beureukok ngeudalkeun kahayang. “‘Soklah! j eta mah parkara gampang!, engke sing saha ngahalangan atawa ngaganggu diteureuyan ku kaula” Ceuk jin Borokokok ngayakinkeun. “ Ayeuna, sabaraha nomer sampeyan nu bakal dikaluarkeun?” Ceuk Jin Beureukok nanya deui. “ Opat angka ” Jawab Jin Borokokok. “Enya angka sabaraha” Jin Beureukok panasaran. “Geneup enol na tllu kali”Jawab jin Borokokok.

Ki Denkur

Ki Denkur
Wengi tadi salira nembongan deui Dina jero pangimpian Anjeun imut ngagelenyu Nambah kariwang, honcewang, salempang

>A Badai AbdA

A Badai AbdAz****** Hiji ulama keur mapatahan muridna anu geus kasebut ajengan "Alloh téh ulah ukur diteundeun dina tasbéh, inget ukur nalika salat jeung wiridan.." anu dipapatahan unggut-unggutan, narimakeun ... Hiji tukang béca ngobrol jeung penumpangna, awéwé geulis "Alloh téh teu kénging ukur disimpen, ditapelkeun dina témbok, dipiguraan" "mang, eureun..!!, cukup nganteurkeun kuring nepika dieu..!!" tukang béca ngajengjen teu lémék teu nyarék, ngahuleng garo-garo teu ateul. nu bendu ngingkig jamotrot

Endang Kasupardi: AMANAT

Endang Kasupardi AMANAT "Akang mah bohong. Teu jujur", singet eta sms ti Lastri. "Asli. asli. 100x asli", jawab Bakri. "Naon Buktina?", tanyana deui. "Neng Hoyong naon bukti ti Akang", Bakri malik nanya. 'Teu aya. tapi Kanyaah akang ku Lastri di tarima". "Alhamdulilah...". "Tapi amanat ti abdi. Kanyaah akang punten pang masihkeun ka tuang putra anu nuju meryogikeun kanyaah sagemblengna", ti harita SMS lastri teu pernah katarima deui.

Yetti War: : # Nyubuh #

Yetti War
# Nyubuh # Bu kade nya hilap enjing teh angkat tabuh opat, cek sms. Insyaallah bu Win manawi teu kasiangan, jawaban sms Terus beberes ngarah isukan euweuh nu tinggaleun. Saha nu nyarengan bu ?cek sms deui Teu aya bu tadina mah bade ngabantun orok huisan mung mugen ning nya wayahna we bade sorangan, sms mangjkawabkeun

‎Lies Tjandra Kancana Sudarma:

( Carponpis) " NEANGAN")
Duka kumaha unggal jam 3 tengah peuting kuring hudang, Ngahuleng heula sisi ranjang. tuluy ngaleos ka kamar mandi, whudhu, tuluy solat Din sujud kuring nyegruk. Nengan nu di teangan teu kapanggih-kapanggih.!