Rabu, 09 Mei 2012

Wawan Darmawan: Ceuk batur ieu mah

Wawan Darmawan
Ceuk batur ieu mah Mang Bonay nu leket ibadah ngarasa dosa sabab peuting tadi manehna tas ngalakukeun jinah. Setan anu ngagoda saleuseurian ting barakatak nyarekelan beuteung, seeleun ningali kalakukan mang Bonay nu sedih kaliwat saking. Sadar kana dosana, waktu subuh manehna indit kamasjid. Maksudna rek solat sakalian menta pertobat. Sajajalan panonna cireumay. Atuh waktu solat kacida khusuna. sanggeus beres, terus dzikir jeung menta pertobat tina sagala dosana tea bari peureum reumbay cimata. Ari iman surti terus nanya Imam ; ku naon ujang mani siga sedih pisan Bonay : Nu mawi ustad sim kuring teh kagoda setan,tos ngalakukeun jinah (teu wasa melong ka imam, da era. Manehna tungkul, peureum reumbay cimata. Imam :Enya kudu kitu kuduna, sugan we urang teh dihampura dosa ku Nu Kawasa. Bonay beuki ngarasa sedih jeung era, tapi manehna tetep tungkul teu wasa ningali, bororaah ku jalma ku sireum ge manehna teh eraeun pisan. Imam : Naha atuh jang mani teu sadar. Jeung saha ujangn teh jinahna. Bonay : Nu mawi pa Ustad ... kalepasan... nu dijinahan teh mitoha istri. Bareng ngadenge ucapan Bonay Imam teh lain mapatahan kalah ka nyiksa Bonay bebeakan. Disiksa kitu teh Bonay pasrah, ngan panonna beunta. Barang ningali manehna ngaranjug, Sihoreng imam teh geuning mitoha lalaki. Paingan tadi

Ruhiyat Sumardiharja

Ruhiyat Sumardiharja
Nomer Jitu****** Jin Beureukok anu ngageugeuh di Bandung jeung jin Borokokok anu ngagegeuh gawena guntreung...!,lamun hanteu galungan!. Anu ngarana jin lamun urang menta manehna datang, deudeuganna ngabeuleugeudeug hideung jangkungna pohara pisan , ceuk caritamah palapon imah ge tobros. Sasajenna cukup areung sakarung, engke lamun areung ku urang diceupeung ancur, eta tandana sasajen geus diteureuy ku eta jin. Mulung carita Jin Beurokok jeung Jin Borokokok keur galungan di Parapatan Lima. Jin Beurokok nyabutan tiang listrik jeung tower anu aya di sapanjang Jl. Asia Afrika terus dipalengngpeng – palengpengkeun ka musuhna nyaeta Jin Borokokok, kitu deui Jin Borokokok teu eleh ngabaleus maledog-maledogkeun wangunan,tukang dagang kaki lima,tukang dagang asongan,tukang koran, tukang beca jeung kuli bangunan nu kabeneuran aya. Kaayaan jadi bocar – bacir manusa nu marake mobil , motor ngararacrit, sabab inggis kapalengpeng atawa kabaledog. Pasalna mah sapele sangkan kadua jin jadi geulut, nyaeta masalah nomer kode buntut, masing – masing ngarasa geus mere nomer kode buntut jitu ka manusa. “ Nomor kaula kudu kaluar, mah!”. Ceuk jin Beureukok. “ Nomor kaula nu kudu kaluar mah, hade, jitu moal bireuk !“ Ceuk jin Borokokok. Beleutak sirahna jin Borokokok diteke ku Jin Beureukok nepi ka benjol sagede kalapa. Plak! Jin Borokokok nyabok pipi Jin Beureukok nepi ka bareuh sagede baskom. Teu lila gudubrak gedeubrug jin Beureukok eleh jajaten ngulampreh, kapiuhan dina ruruntuhan ipalengpengkeun jeung baledogan tadi. “ Huh..huhh ampun..ampun...kaula eleh, please! lah nomor sampean nu kaluar, nomor kaula mah lain waktu bae kaluarna, tapi sampean bisa mastikeun eta nomer bakal kaluar. Ceuk Jin Beureukok nanya. “ Pasti, pasti!” jawab Jin Borokokok “Tapi kaula aya hiji pamenta“ Ceuk jin Beureukok deui. “ Pamenta naon sok kecapkeun?” Ceuk Jin Borokokok balik nanya. “Kaula menta pimpinan kaula bisa reugreug hatena, korsina teu dioyag-oyag ku leutak jeung sagala kahayang dicumponan, kumaha?” Ceuk Jin Beureukok ngeudalkeun kahayang. “‘Soklah! j eta mah parkara gampang!, engke sing saha ngahalangan atawa ngaganggu diteureuyan ku kaula” Ceuk jin Borokokok ngayakinkeun. “ Ayeuna, sabaraha nomer sampeyan nu bakal dikaluarkeun?” Ceuk Jin Beureukok nanya deui. “ Opat angka ” Jawab Jin Borokokok. “Enya angka sabaraha” Jin Beureukok panasaran. “Geneup enol na tllu kali”Jawab jin Borokokok.

Ki Denkur

Ki Denkur
Wengi tadi salira nembongan deui Dina jero pangimpian Anjeun imut ngagelenyu Nambah kariwang, honcewang, salempang

>A Badai AbdA

A Badai AbdAz****** Hiji ulama keur mapatahan muridna anu geus kasebut ajengan "Alloh téh ulah ukur diteundeun dina tasbéh, inget ukur nalika salat jeung wiridan.." anu dipapatahan unggut-unggutan, narimakeun ... Hiji tukang béca ngobrol jeung penumpangna, awéwé geulis "Alloh téh teu kénging ukur disimpen, ditapelkeun dina témbok, dipiguraan" "mang, eureun..!!, cukup nganteurkeun kuring nepika dieu..!!" tukang béca ngajengjen teu lémék teu nyarék, ngahuleng garo-garo teu ateul. nu bendu ngingkig jamotrot

Endang Kasupardi: AMANAT

Endang Kasupardi AMANAT "Akang mah bohong. Teu jujur", singet eta sms ti Lastri. "Asli. asli. 100x asli", jawab Bakri. "Naon Buktina?", tanyana deui. "Neng Hoyong naon bukti ti Akang", Bakri malik nanya. 'Teu aya. tapi Kanyaah akang ku Lastri di tarima". "Alhamdulilah...". "Tapi amanat ti abdi. Kanyaah akang punten pang masihkeun ka tuang putra anu nuju meryogikeun kanyaah sagemblengna", ti harita SMS lastri teu pernah katarima deui.

Yetti War: : # Nyubuh #

Yetti War
# Nyubuh # Bu kade nya hilap enjing teh angkat tabuh opat, cek sms. Insyaallah bu Win manawi teu kasiangan, jawaban sms Terus beberes ngarah isukan euweuh nu tinggaleun. Saha nu nyarengan bu ?cek sms deui Teu aya bu tadina mah bade ngabantun orok huisan mung mugen ning nya wayahna we bade sorangan, sms mangjkawabkeun

‎Lies Tjandra Kancana Sudarma:

( Carponpis) " NEANGAN")
Duka kumaha unggal jam 3 tengah peuting kuring hudang, Ngahuleng heula sisi ranjang. tuluy ngaleos ka kamar mandi, whudhu, tuluy solat Din sujud kuring nyegruk. Nengan nu di teangan teu kapanggih-kapanggih.!

Andy K Sauyunan: ‎"Ngiring Ngawangkong ahhh,,, Akang/Euceu"

Andy K Sauyunan
‎"Ngiring Ngawangkong ahhh,,, Akang/Euceu" Barudak kelas 1 SD keur ngarobrol di buruan sakola sawatara keur istirahat. "Adi uing mah sieunan, ari tipeuting hayang ka cai teh, kudu bae di anteur ku uing, Ceuk Ono." "Adi maneh mah leutik keneh atuh. Ieu mah bapa uing,geus kolot oge masih keneh sieunan," ceuk Odang embung eleh. "Sieun kumaha..???" "sieunan pisan. eta we ari saban peuting ge sarena teh kudu dibaturan bae ku Indung uing." ceuk Odang.....

Senin, 07 Mei 2012

Manik Sundayana

Manik Sundayana Wayang Pangangguran Kacarios di marga kuta nagari, toroktok crék gunggg ! Marga hartosna jalan, kuta éta kota, nagari inggih nagara nu janten bubukaning cinarita, toroktok crék gunggg ! (dalang ngenyot heula udud, suruput ngopi) Radén Ujang Subarna Marakadenda, Si nonoman gandang kéwes pantes, Ngalénghoy leumpang semu nu lungsé, Kukurilingan mapay-mapaaay jalan kooota, Ngéngélék map kelir hideung, bangpak bangpak gung gung jerrr ! Ari dina map éta eusina rupa-rupa layang, Aya potocopy ijasah, Aya potocopy mangrupa-rupa piagam, Aya potocopy kalakuan hadé ti pulisi, Jeung rupa-rupa deui nu séjénna, Toroktok crék ! Pangna si radén ngalénghoy, Ti isuk jedur nepika soré jedér, Sok komo ieu poé kalima, Sakabéh nu didatangan sarua pada-pada, Nyaritaaa cenah euweuh lowongan. Toroktok crék ! (Celebek celebek dalang ngahanca bala-bala) Atuh hanjelu haténa, Sakola ngan kari larana, Ngalap élmu ngan kari lebuna, Kalis ngan ukur jadi papaés Sebutan ginding nyaéta sarjana. bangpak bangpak gung gung jerrr ! Ahirna dalang ogé lieur, Rék naooon nu dicaritakeun deuuui. Tutup Lawang sigotaka, Merdeka !

Lies Tjandra Kancana Sudarma

Fikmin #"OYAG KABEH"#
" Mihape si Bapa nya Nyi.. aya sangu sesa peuting, pangnyangraykeun make cikur jeung tarasi. Aya kopi sasendok deui dina peles urut wadah sele tea, Ema rek buru-buru ka Pasar Rajawali " Mimin nuturkeun Indungna nepi ka Panto hareup. Geus kitu manehna asup kakamar Bapana nu keur nyangsaya dina kasur lepet bari teu weleh ngajegroh. " Bapa Mimin nyangray sangu heula nya ? Bapana unggeuk bari pok ngomong kieu:" Dicengekan hiji mah Nyai....." Si Mimin ngajawab : Enya " cenah Sup ka dapur, Mimin mirun seuneu, rada harese hurung da suluhna rada demek. Sakitu hayoh ditiupan make songsong kalah ka matak peurih kana panon. Tapi meunang sawatara lila suluh teh hurung oge. Mimin mesek bawang dua sihung da ngan aya lima sihung anu aya dina pabetekan teh.diuleg jeung cikur satungtung buku cinggir, ditarasian saeutik jeung cengek meunang metik ti pipir imah. nyanggray sangu make cikur seungitna. matak komentar nu jadi Bapana : Nyai Bapa mani geus lapar yeuh " Mimin nembalan " Sakedap Bapa bari buru-buru ngawadahan sangray sangu kana piring kaleng. Sok nyieun cikopi. Dibakian dina baki pelastik anu tos semplek-semplek acan. Bapana tos ngagero deui : "Nyai, Mana sangray sangu teh?" Mimin,ngajawab " Antosan atuh Bapa, ieu oge Nyai keur leumpang.... Kulantaran asa diburu-buru, Mimin balangah.Sukuna ngait kana palang panto handapeun sukuna. Suku kenca na ngait. Awak tijolongjong, Baki jeung sangray sangu tur kopi ngalayang.. Praaaay..... Mimin ngoceak ; Ya Allah... Bapa..!! Bareng jeung ngoceakna Mimin, Indungna asup, nyampak anakna keur uyak-uyek rek hudang tina ngadapangna. Nempo indungna datang Mimin ceurik : " Ema, sangray sangu Bapa.. kopi Bapa.." Indungna Nangkeup Mimin ngupah-ngapeh :" Geus tong ceurik Ema ujug-ujug hayang balik inget wae ka Bapa Teu nanaon Ema meuli nasi timbel keur Bapa jeung kopi Torabika tri in wan. Yu urang ka Bapakeun..." Mimin nangtung, nuturkeun Indungna ka kamar Bapana nu keur nyangsaya titadi isuk-isuk. " Bapa.. Ieu Ema mawa nasi timbel keur Bapa" Si Bapa teu reaksi, Mimin ngaguyahkeun Bapana:" Bapa. Mimin, Hampura, tapi Ema nyandak nasi timbel" Ku lantaran cicing wae. Ema si Mimin ngaguyahkeun awak salakina. Oyag kabeh !

Denny Rachmat

Denny Rachmat carita sareng dongeng Sunda kawentar seueur pamohalan sareng cawokahna kabina-bina. Nanging sim kuring sok tara wasa nyeratna... Insya Alloh pami tos salse bade nyerat carponpis. Hatur nuhun pangangkenna! — di Green Canyon Pangandaran.

Ruhiyat Sumardiharja: Tarucing:

Ruhiyat Sumardiharja
Tarucing: “Ti buerang aya, ti peuting aya,ti cai paling sisi” Cik naon ?

De'Only Kikiw: Ngadadak Batagor...

De'Only Kikiw
Ngadadak Batagor... "Bandung, Bandung, Bandung" sora calo di terminal tanjung Sari mikat nu rek naraek beus. blus weh simkuring asup diuk pang tukangna. teu lila beus indit da puguh geus padeudeut. Di jeuro beus, tukang tahu nanawarkeun daganganna kaditu kadieu "TAHU, TAHU, TAHU", tapi hanjakal euweuh nu meuli.gigireun supir aya aki-aki terus di tawan ku tukang tahu " ki tahuna ki? " tibatan meuli eta si aki kalah utah pas pisan keuna kanu karanjang tahu nu masih haneut. mangkaning utahna loba, tahu pinuh lamokot ku utah eta aki-aki " haramjadah aki-aki teh" ceuk tukang tahu bari sedih campur ambeuk. tukang tahu tanggah bari geugeureumeut ambeuk seumu mikir, tapi tukang tahu teu lila ngadagangkeun deui eta dagangannana, "BATAGOR, BATAGOT, BATAGOR'. alhamdulillah laris...

Dennykurniadi Kurniadi: SURAT TI ABUDABI

Dennykurniadi Kurniadi
SURAT TI ABUDABI: Kahatur, Akang di bumi, Kang, kumaha barudak sarehat? Si Dewi, Sarah, Dedi, teu kua kieu? Kumaha ari Ema jeung Apa, sarehat deuih? Ngawiat nya Kang, perhatoskeun tuang sareng sakolana barudak. Akang ulah ider-ideran teuing, hawatos. Minggu kamari abdi ngintun artos kumaha tos ditingal dina rekening? Sigana Kang, taun ieu abdi moal wangsul. Wayahna we nya. Sanes teu sono, tapi kumaha atuh,pan urang teh hoyong aya kamajuan. Sakali deui nitip barudak. Wasalam, Yuni Rengse maca eta surat, Rohim ngahuleng. Hatena ngarakacak: "mun seug aing bisa nyenangkeun manehna, moal kieu kaayaanana. Yuni teu kudu nyiar kasab di nagri batur Hampura nya Yun, Akang rumasa lain lalaki lalanang jagat. Kumpeu.

Yetti War fikmin: # Nyubuh #

Yetti War fikmin # Nyubuh # *** Bu kade nya hilap enjing teh angkat tabuh opat, cek sms. Insyaallah bu Win manawi teu kasiangan, jawaban sms Terus beberes ngarah isukan euweuh nu tinggaleun. Saha nu nyarengan bu ?cek sms deui Teu aya bu tadina mah bade ngabantun orok huisan mung mugen ning nya wayahna we bade sorangan, sms mangjkawabkeun

Anton Susanto

Anton Susanto
Aing mah keuheul pisan.

Yuharno Uyuh ONod

Yuharno Uyuh ONod
Aya tukang Es Campur keur mangkal disaluareun kampus UGM. Aya budak mahasiswa nyampeurkeun sakalian meuli es bari ngajak ngoborol. "Mang, parantos lami icalan es campur..? "Lumayan Cep aya panginten sapuluh taun mah, jawabna. "dupi Encep tos semester sabaraha di UGM ? Nu ditanya semu ngarahuh. "Nyaeta Mang, abdi teh tos 7 taun can lulus wae, hampir di DO.. Dupi Emang sabaraha hiji putra..? "Alhamdulillah Cep, pun anak mah aya kana tiluna, anu hiji di ITB, nu kadua di UNPAD sareng anu bungsu weh di UI Jakarta. Budak mahasiswa kaget lain dikeuna. "Wah, wah..., Emang bener hebat. " Alhamdulillah Cep sanajan Emang kikieuan oge . "Dupi tuang putra anu tilu teh neraskeun S2, atanapi S3..? "Ah henteu Cep sami we sareng Emang icalan Es Campur...

Minggu, 06 Mei 2012

Abah Fajry

Abah Fajry: Aya Katerangan ....(ngan duka ti saha jeung ti iraha?) "LOBA BUDAK LOBA REJEKI" ...cobaan ah ...meumpeung musim hujan.

Eka Gandara Wk

Eka Gandara Wk
Harita teh di Pengadilan Negri Ahirat rek digelar sidang perkara tawuran antara warga Sawarga jeung warga Naraka. Geus rempeg harita teh, enya kaasup nu rek nyaksian persidangan. Samemeh sidang diabuka hakim ketua nanya ka wawakil ti warga sawarga : " Ari ti Sawarga tos kumplit ? Nu mana pengacarana ?" Warga Sawarga nu ditokohkeun maju, pok nyarita : " Neda agung cukup lumur, sadaya-daya neda hapunten. Ihtiar mah kirang kumaha. Tos ka kaler tos ka kidul, ka kulon reujeung ka wetan, parantos kaubek kajuru-juruna wilayah sawarga. Anamung sakali deui hapunten anu kasuhun, numutkeun wartos binarung numutkeun data dina cacah jiwa wilayah Sawarga, sumuhun di Sawarga mah teu aya pengacara saurang-urang acan..... !!!***

Denny Rachmat

Denny Rachmat: Punten, seja tumaros ka Admin (naon tah basa Sundana) ieu kleub; kumaha pami carponpis ti sim kuring mah hasil terjemahan ti basa deungeun, sawios, manawi? — di Green Canyon Pangandaran.

Kang Ties: Mulang

Kang Ties Mulang ************** Tiap Mulang nepungan Dulur nu Dumuk di Lembur nyingkur. Kuring rébo ku rasa sono. Tiap lebah rék liwat Jembatan, tara teu nyampak Manéhna. Angger! Katingali keur metik hitar bari ngahariringkeun lagu birahi nu lawas dina luhur Kutana. Biasana ukur saliwat unggeuk jeung silih tenggorkeun imut manis, da ari geus tepi kadieu téh sok loba nu kudu di tepungan. Tapi kiwari mah, Manéhna eureun heula ngahitarna jeung lirih nyalukan Kuring: "Asa lawas tara kadieu, geus lali nya?" gerendengna. "tingali tuh wahangan nu ngamalirkeun cinta muru muarana, urang gé bakal mulang ka muarana, Kuring mah sono ka Manéhna?" Sambungna bari neuteup, siga nu keur neuleuman haté Kuring tepi kadasarna, neangan jawaban nu rapih di samunikeun.

Endang Kasupardi PABEASAN

Endang Kasupardi PABEASAN Suryat ngajanteng sanggeus cangkeul diuk handapeun stopan. Didinya janjianna teh, jeung Isoh bebendena anu karek saminggu jadian. "di maktal we nya", cek isoh ka babaturanana sangkan di bejakeun ka suryat. Kokom ngincid sumanget naker, puguhan ari boga beja kitu mah Suryat sok mere duit. " lumayan sok mere 10rb. Bari teu cape, ukur ngabejakeun wungkul", gerentesna. sakali waktu mah jiga minggu kamari Kokom keur teu boga duit, manehna nepungan Suryat pajar cenah aya beja ti Isoh. Song duit 10rb. Kokom meni giak naker .

Aga Aby Langga

Aga Aby Langga Parahu dina kikisi wanci layung kaburitan mapaes basisir asih ngahudan carita lawas,harita duaan nembrakeun sagala rasa teu sangka cinta ker mekar bet penggas jadi tunggara.ges taya teupung ambekan antara kuring jeung anjeun sabab anjeung engeus taya di ieu na DURIAT KAPEGAT KA PEGAT PATI LAMUN SALIRA MASIH AYA MOAL KATAMBIAS RASA.(NALAAH)

Zulaikha Sobana: DRAMA DI TENGAH "TEMPAT PAMICEUNAN RUNTAH"

Zulaikha Sobana
DRAMA DI TENGAH "TEMPAT PAMICEUNAN RUNTAH" Di tengah runtah nu nambru patulayah, ngahunyud nyebarkeun bau angin-anginan. Saurang lalaki tengah tuwuh ngadodorong roda paranti ngangkut runtah meunang mulungan. Di jerona anjeucleu pamajikanana nu keur bubureuyeungan bulan alaeun, dibabawa sotenan ku deudeuh jeung nyaah, sieun nu jadi pamajikan rek ngalahirkeun euweuh nu nangenan. Mhhh...asa ku endah pisan...!

Idea Alfajar Elrumy

Idea Alfajar Elrumy
Katurug turug rek nyangharepan PILKADA kang oman tuturubun ngarapihan warungna di pulas ku warna bodas ...... da nyirikeun kang oman rk beberesih tina warna sabunderan nana ges cape cenah kang oman nenden suara ka wakil anu te nenjo kana kaayaan rakyatna.............

Pembebas Sang

Pembebas Sang
Galau,...uy,...rungsing,..teu boga duit ker dahar-dahar acan !

Dennykurniadi Kurniadi

Dennykurniadi Kurniadi
Sabtu hari ini mah, asa teu puguh cabak. Kunaon jeung kudu kumaha abdi? Ciktulungan atuh neda bongbolongan, urang caricing wae.

Habib Sokonggo: onta jeung kangkung

Habib Sokonggo
onta jeung kangkung
*** onta dahar kangkung,kangkung teu bisa dahar onta. onta di tumpakan,kangkung di petikan. onta di arab,kangkung di urab.

Habib Sokonggo

Habib Sokonggo
‎.kamana kang nyandak pacul?? ..bade ka sawah .di sawah bade naon? ..bade melak pare .melak pare abeh naon? ..abeh bisa dahar .dahar abeh naon? ..abeh boga energi .mun boga energi bade naon? ..bade macul deui

Dewi Mentari: KAMALANGKEM

Dewi Mentari
KAMALANGKEM****** Teuteup salira, masih liuh. Ngaruksak éngsél panto haté nu kungsi ngonci dina kapeurih. Bendungan rasa bedah nalika imut salira rekah. Duh!