
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Selasa, 01 Mei 2012
Wasta Pun Arie Stanzah
Wasta Pun Arie Stanzah
"baheula mah jang jaman keur ngora, Aki mah tara eleh gelut", saur pun Aki muka obrolan pasosore di tepas imah.
"percanten atuh Ki, pan Aki mah diajar silat ti bubudak, di ajar usik ti leuleutik, di ajar jurus ti lelembut, maenya weh kedah kawon mah", walon kuring bari ngabebenah posisi sila, "Mah....ngadamel kopi !!!!", soalna ieu obrolan pasti bakal nepi ka adzan Magrib.
"ngan hiji nu dipikaheran ku Aki jang, mun keur gelut teuing saha nu meunang ??", tembal Aki bari ngalinting bako mole dina daun kawung.
"harrr, naha tiasa kitu Ki ??"
"heueuh da Aki mah mun gelut teu weleh kapiuhan"................
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar