
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Selasa, 01 Mei 2012
Yayan 'Bedog' Supriatna: WORTEL MATAK LOLONG KANU MATA
Yayan 'Bedog' Supriatna
WORTEL MATAK LOLONG KANU MATA
Geus papada nyaho yén wortel matak hadé keur mata, alus kana panénjona. Kajadian ngabuktikeun nu sabalikna. Basa ibu-ibu keur babantu masak-masak dinu hajatan, teuing kumaha mimitina ujug-ujug der aya nu paraséa. Siling jenggut, siling kerewes. Laju salahsaurang nojoskeun wortel nu congona méncos kanu mata lawan gelutna, ja éta ibu kabeneran keur ngeureutan wortel.
Panon baloboran getih, ja malahan lolong jadina.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar