Minggu, 29 April 2012

Eka Gandara Wk

Eka Gandara Wk
Cek barudak ayeuna mah "orang udik".Tapi mungguhing nasib, manehna meunang milik nu kacida gedena. Ras inget kana cita-citana hayang nyaho pulo Bali, pulo nu disarebut pulo Dewata. Teu nunggu ganti minggu belenyeng we indit muru pulo implengannana. Teu kagok, inditna oge make kapal udara. Nyacapkeun kapanasaran tidituna mah. Di Bali, puguh we palahak polohok, ma'lum nu kakara indit-inditan jauh. Komo barang nempo bangsa deungeun nu ngadon suka-suka mah........! Jorojoy rasa panasaran hayang nyobaan gaul atawa saeutikna nurutan naon anu dipilampah ku urang luar nagri. Teu mikir panjang, sup asup ka hiji Diskotik nu keur sedeng rame. Manehna nyidik-nyidik malah mah nyobaan ngarekam paripolah bangsa deungeun nu aya di dinya. Jorojoy kabita hayang nginum cara nu diinum ku para tamu. Terus ngadeukeutan Bar tender bari teu kendat nyidik-nyidik tamu nu pesen minuman. " Martini...!" cek nonih bule, teu lila Bar tender ngasongkeun pesenanna."Whiskey...!" cek nu lian, "Jhoni Wolker..!" cek nu sejen,"Jack Daniels...!"cek nu lainna deui......... kahanaang ditambah kabita ku polah para tamu ngajurung manehna nyampeurkeun ka Bar tender...........................kalawan yakin pisan pokna : " Oon bin Haji Muhyi.........!"*****

Tidak ada komentar:

Posting Komentar