
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Jumat, 04 Mei 2012
Raka Syahara Sobirin Ti Gunung Halimun
Raka Syahara
Sobirin Ti Gunung Halimun ***
Ema widian abdi bade milarian artos kanggo lalandong abah,,
Anaking hampura,, hidep tileutik geus kudu motekar sorangan, ema tos teu kiat kuli ngarambet cara bulan kamari,,
Wios ema,, keun abdi weh, mamanawian aya anu haateun, nganggo tanagi abdi nu tacan kiat sapertos dewasa....
nya bral anaking, kahade tuh bawa sarung, ke mun panggih jeung duhur, neangan musola heg netepan,,
muhun ema,,
Abah doakeun abdi,,,
Bari ramisak bapana nganggukeun mastaka,, teu wasa nyarita, dalatan nalangsa tur teu walakaya,,,
Sobirin, ngalengkahkeun sukuna bari tungkul, nuturkeun indung suku, kadorong kurasa boga tanggung jawab anu gede, sanajan ragana masih budak. angin nganteur kana ludeung,,, panon poe jadi damar pikeun lengkah lumakuna anu baris dijalanan..
Si Ema, ngajajap Sobrin ku doa, ramisakna cisoca, getirna ati ngadaulat jadi doa anu buleud, nembus jomantara nepikeun beja kanu kawasa,, GUSTI,, Lindungan sobirin anak abdi,,, mugi sing jembar hatena melana nu jadi indung bapana, sanajan ukur indung jeung bapa pulung manehanana,,,, Nyambung sanes waktos...
Ieu carita cep sobirin, budak pulung Ema Abah,, anu sababaraha taun kapengker dipiceun ku Indung kandungna, alatan wirang, boga budak teu jelas bapana.....
Karya " Raka Syahara
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar