Selasa, 01 Mei 2012

Agus Jamhur Atmo

Agus Jamhur Atmo
Kuring silih rérét jeung pamajikan ningali dunungan meni ngalimed tuangna atoh masakan pamajikan kapaké kudunungan, keur kitu jol incu anu karék 3 taun nyampeurkeun bari pok téh :"Mamah (ka Ninina téh sok nyebut Mamah) hoyong ....(maksudna hayang kabeuratan)". Atuh kuring reuwas sieun dunungan geuleuheun, untung dunungan surti. Sanggeus sémah mulang incu langsung dibejaan yen tong sok nyebut ...... Nyarios baé hoyong nyanyi. Tengah peuting keur saré tibra incu ngarenghik "aki hoyong nyanyi" badé nyanyi naon? énjing bae atuh ayeuna mah tos wengi, incu angger ngarenghik bari nyebut hoyong nyanyi. Sok atuh tong tarik teuing nyanyina bilih Mamah gugah didieu baé dina cepil aki ceuk kuring bari teu sadar, sadar2 ceuli karasa haneut bari jeung meledek bau ....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar