Rabu, 02 Mei 2012

Kang Ties: Kopdar

Kang Ties
Kopdar Poé minggu jam sawelas beurang di Jero Los,kios kahiji di kota kembang. Nu di téangan keur ciri kapanggih lebah juru nyelap dibeungkeut karét gelang, gap dicokot terus dicena nyetél ka pelayanna. Lagu ngalaeu patémbalan jeung lagu-lagu ti kios-kios séjénna."Om tis nya?". Uing ngarérét,Manéhna nyéréngéh. Wanoja lenjang, umur tilu puluh lima taunan ngakuna mah, basa Uing narima és ém és sasab anu terus manjang jeung uplek ngobrol tiap peuting tepi ka janjian Kopdar di ieu tempat téh. "Leres!",pel sasalaman, ngan haté pinuh ku cangcaya, "Ah,ieu mah pantar si Nénéng anak Uing nu kara naék kelas dua és ém a ning?!"."Mamah ngantosan payuneun Masjid Agung!", Mojang lenjang téh imut manis. "Ih,yu urang énggal tepangan atuh!", bari gancang mayar pisidi bajakan,lagu Hujan di bulan April ti grup bend paporit Uing. Haté ngadadak bungangang deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar