Selasa, 01 Mei 2012

Eka Gandara Wk

Eka Gandara Wk
‎"Kamari mah meunang kareuwas nu lain lumayan, tapi sanajan kitu kareuwas teh ditungtungan ku kareueus nu leuwih ti leuwih." cek nu saurang."Teu ngarti uing mah piraku kareuwas ditungtungan ku kareueus. Na aya kajadian naon kitu ?" cek baturna. " Enya kamari, tilu poe katukang, bapa uing meulahan suluh. Sigana mah bakating ku geus cape teuing, kampak nu diheumbatkeunna teh ngagiwar keuna kana suku bapa uing...!" baturna milu reuwas " Aduh, kumaha atuh bapa ilaing...!" si Edu, neruskeun caritana : " Nya... gudawang bari getih mancawura. Tah, numatak reuwas pisan teh warna getih bapa uing mah hideung meles. Henteu beureum kawas nu sejen.....! Ngan cek aki uing teh teu kudu reuwas, eta teh nyirikeun yen bapa uing mah estu PAPUA sajati." Ari celengkeung teh Ibo : " Eta mah teu sabaraha ! Bapa uing mah komo leuwih aheng.....! Kamari, enya kamari pisan bapa uing ragrag tina tangkal kalapa !" batur-baturna ngarenjag reuwaseun : " Euleuh, kumaha atuh.....bapa ilaing teu kunanaon ?" si Ibo ngajawab : "Belegug maraneh mah, ragrag tina tangkal kalapa tea.....suku jeung leungeunna parotong.....!" nu sejen nyalengir linueun. " Ngan aya nu aneh jeung aheng, iwal ti getih tulang bapa uing mah meles pisan hideungna teh." batur baturna molohok : " Kutan, hideung katulang-tulangna bapa ilaing mah !" irung si Ibo kembung pinuh ku kareueus : "Enya, numatak moal aya PAPUA nu leuwih SAJATI batan bapa uing !" Batur baturna unggut-unggutan ngaheueuhkeun. Ngan aya saurang nu titadi teu lemek teu nyerek, gawena molohok bangun nu bingung. "Ari maneh kunaon titadi molohok wae, siga siga nu keur aya kabingung?" cek baturna. Memeh ngajawab nu ditanya ngarenghap heula, pok nyarita : "Enya puguh oge, uing teh keur aya kabingung, bingung mikiran kajadian peuting tadi.....!" " Kutan, na aya kajadian naon kitu ?" cek babaturanna rampak. " Peuting teh biasa we uing keur maca, keur ngapalkeun, bapa uing ngaliwat bari hitut. Da eta mah ari Dut hitut, ari reup teh poek

Tidak ada komentar:

Posting Komentar