Sabtu, 05 Mei 2012

Kang Ties: Serat kanggo Rini

Kang Ties
Serat kanggo Rini*** Upami Wengi kaleresan Purnama dina embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir Tikukur. Sono Nambihan! Émut ka Salira nu calik dina pangkonan pageuh meulitkeun panangan kana beuheung, sareng Raray nu dangah ngalebuhkeun Purnama, nu nampeukeun kareueutna tresna. Ah, apal waé Salira mah kana kalemahan haté Aang, nu teu kiat nadah teuteup ceuleuyeu nu sapertos patingkaretipna bentang ningker Purnama itu, sareng basa gelebug angin nembag ngarewégkeun tirisna ka Urang. Salira ngaharéwos, "Kalebet yu, aya nu sapesial geura!". Kiwari sami! Aang nuju calik di tepas katineung Urang, bari carinakdak neuteup Purnama na embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir Tikukur, nu kakalieusan dina hunyudan pepedut, nuju ngadamel serat kanggo Salira. Mudah-mudahan waé dugi kana pangkonan Salira, nu nuju nganti, calik di Patamanan Nagri nu éndah, nu tangtos hiji waktos bakal ka sorang ku Aang, Rin!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar