Rabu, 02 Mei 2012

Yuharno Uyuh ONod: ‎"RUJAK lADA"

Yuharno Uyuh ONod
‎"RUJAK lADA" *** Sakulawarga eta mah meni resep pisan kana rujak lada teh, kaasup budak anu bungsu. Kawantu anak bungsu ogoan sare oge embung pisah jeung kolotna, percis budak Kang Oon. Si Bungsu mah teu kaop teu kaajakn ngarujak sok baeud ambek-ambekan. Isuk-isuk hudang sare, Si Bungsu teu pupuguh jol-jol samutut baeud, dititah sarapan mugen kalah nangkeup harigu. Diolo ku indung bapana weleh teu daek dahar. " Ari Dede kunaon bet ambek-ambekan teu pupuguh, naon atuh dosa bapa jeung mamah teh.? Si Bungsu ngajawab. "Bongan teu ngajakan ngarujak, engga sayang lagi ka Dede nya..? Indung bapana kaget. "Na da bapa jeung mamah mah teu ngarujak..., Si Bungsu ngadilak. "Bohong ah..., ari wengi mamah sareng bapa geuning kunaon bet sareuhah...., Pokna. Indung jeung bapana silih reret bari seuri keom semu era.. hehehhh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar