
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Selasa, 01 Mei 2012
A Badai: AbdAz Dua Kecap
A Badai AbdAz
Dua Kecap:
sidéngdang bari ngenyot udud jarcok, kop kana ci téh pait, regot diinum semu nikmat,
bari menerkeun diukna pok ngomong
"sabab hadé-goreng ku basa, jeung dumasar kana; asal alus, jalan alus,
mun seug mener dina teu merenah nepi antukna kudu lapur, mangka leuwih hadé mun ditungtungan ku alus ogé, supaya taya gantar kakaitan, silih lubarkeun -sigana- jalan pang alusna.
sahenteuna saayeunaeun, kuring ngan ukur bisa ngedalkeun..
HAMPURA jeung HATURNUHUN, peun".
réngsé cumarita manehna cengkat ngojéngkang mukakeun panto kaluar
ngarah teu mulek teuing ku haseup roko di rohangan tamu.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar