Senin, 30 April 2012

Lucky Bachtiar: Rahul Bébéakan

Lucky Bachtiar
RAHUL BÉBÉAKAN *** Jang Kardan gigisik hudang saré, tenga-tengo kana lawang jandela nu dijieun tina tarigu. Geus rada beurang geuningan, panon poé gingsir ngulon. Nya kitu da ilaharna mah, pas tengah poé kirawanci jam 7, srangéngé téh pas pisan luhureun sirah. Ngarasa tikoro asa tuhureun, atuh gura-giru Jang Kardan naék ka para. Geuning caang nemra di para teh nepika teu katempo curuk-curuk acan. Geuwat leungeunna ruwal-rawél. Aya kénéh geuning kakarén kamari beurang. Ranginang paméré ma Atikah. Sanggeus béak ngadahar ranginang lima siki mah karasa leungit hanaangna. Tikoro nu tuhureun dadak sakala cageur. Jut Jang Kardan turun rék mandi. Saméméh mandi manéhna nyopolokeun heula sirahna. Éta sirah disimpen di jero kulkas. Sina rada haneut bangunna mah. Nya ma'lum rada balideg, lamun sirah nepika ka banjur ku cai matak jangar. Gejebur-gejebur Jang Kardan mandi. Tarik pisan sora gegejeburanna téh nepika kadéngé ka Mekkah sok padahal meuntas laut. Bari mandi téh ngan leguk-leguk wéh cai diinuman nepika béak satengah bak. Lumayan, leungit rasa laparna. Bérés mandi jeung dangdan sapuratina, Jang Kardan diuk lalajo tipi. Lugina karasana diuk dina luhureun areng nu keur meujeuhna ruhay. Kabeneran acara dina tipi téh nu pang dipikaresep ku manéhna nyaéta maen bal ku leunca. Jang Kardan poho masangkeun deui sirahna. Atuh éta sirah téh tibra deui wéh di jero kulkas nu memang haneut.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar