Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Rabu, 02 Mei 2012
Dery Andriawan: Nelepon
Dery Andriawan
Nelepon
Kabayan jeung Nyi Iteung, geus sapagodos lamun rek ngajak sosonoan make kode "nelepon" Dina hiji peuting, Si Kabayan boga kahayang tapi kabeneran di imahna teh aya mitoha awewena, biasa ari sarena sok hayang dibarengan ku anakna, Nyi Iteung tea. Teu kuat nahan kahayang anu geus nepi ka ubun-ubun, Si Kabayan ngomong ka budakna "Jang bejakeun ka si emak, abah rek nelepon." Teu kungsi lila budakna balik deui bari nyarita, "Bah, ceuk si emak eweuh sinyal...!" Bari keueheul si Kabayan nembalan, Bejakeun deui, lamun euweuh sinyal abah rek nelepon di luar" Pok teh, si Iteung ngajorowok ti kamarna, "Dasar borokok, wani-wani nelepon di luar, uing rek buka wartel di imah...! Si Kabayan : "??!!!!"
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar