Sabtu, 21 April 2012

DUEL CARPONPIS

Aga Aby Langga
moal milih anu geulis sok sieun kuring di tampik.tuturu bunturu ngajugjug ka hiji lembur ceuk beja mah ros bodas aya didinya,sugan henteu layu samemeh usumna.rek di teang rek di datangan sagagang kembang impian ros bodas kokolebatan. .............................................................................................................................................................................................................................................. Lenny Magdaleni
PILEULEUYAN RASA.
Cape geuning ngaberesihan dadasar hate teh. Geus sabulan teu anggeus-anggeus! tapi poe ieu mah kudu rengse. Rasa nu nyangkrung, geus disapukeun. Nu bala dikeresekan, lung kana wadah runtah. Pileuleuyan rasa...! Ti mimiti poe ieu. moal aya cimata oge kasono keur anjeun..! Bral, geura miang...! Bade milih saha, bade kanu kumaha. Moal janten emutan, moal di ceungceurikan.

Carponpis Irman Dimyatie

NU DICUKUR HANDAPEUN TANGKAL KAI
Najan kudu leumpang jauh, tetep dijugjug. Uing hayang dicukur di dinya, gerentesna. "Do, cik rapihkeun buuk uing nu geus ngawigwig yeuh!" ceuk Oman bari gek diuk dina bangku lipet handapeun tangkal kai parantina. "Ieu teh hayang dikumahakeun modelna, Kang?" ceuk Dodo bari gap kana sisir jeung gunting. "Cobaan ku model cepak. Uing jigana gagah mun modelna kitu. Ke, bakal loba nu nyangka tantara atawa pulisi hehehehe...," manehna ngaheheh. "Ulah luak-lieuk wae atuh ari keur dicukur teh!" carek Dodo bari menerkeun deui posisi sirah Oman. Reup Oman sare waktu manehna dicukur. Hieumna tangkal matak mawa tunduh. Adu manis jeung ting gelkeserna sisir dina sirah nu memener buuk guntingeun. Najan lain dina kasur. Da puguh karasana nikmat pisan. Antukna Oman nyegrek, ngulahek nyarande kana tangkal kai. Panon poe nu cahayana panas, kasaring ku dangdaunan. Eunteup dina rasa jadi haneut. Ungkara naon wae hese ngagambarkeun kumaha nikmatna Oman sare bari dipepende sora gunting. Nu dicukur sare, nu nyukur jongjon gawe. "Tibum... tibum... tibum! Awas, aya razia!" loba sora patingcorowok. Nu keur nyukuran reuwas. Gancang beberes. Kabur ti tempat eta. Ari pagawean nyukur mah teu dianggeuskeun. Leuwih gede kasieun batan mereskeun pagawean. "Koplok ciah! Aing bet jiga bebegig kaya kieu mah", Oman gegelendeng waktu manehna hudang. Indit ti dinya bari buuk masih keneh acak-acakan.
Aboe Akbar Abi
KATUMBIRI Kacaturken aya dua pamuda nu ker anteng ngadu bako dijero pos ronda jajalanen ka lembur cikahuripan. harita teh mangsa pasosore. Emod : cik ja, kira-kira anjeun rek kawin iraha ? Aja : ah, mod can aya hiji oge awewe nu kapilih ku kuring mah. Emod : naha nu kumaha kitu, eta si emeh, si enok, si icih kurang kumaha gumelengna. mun seg mah diantara manehna aya nu naksir ka kuring moal diantep warah deui, langsung menta dirapalan tah...hehehe Aja : ah mod, kudu nu sesuai jeung beungeut kuring atuh, paling rendah jiga widadari. ker jongjon maranehna ngobrol. ujug-ujug hujan poyan murudul ti langit. ngadadak maranehna simpe nyakseni hujan. Emod : ja, ceuk kolot mun hujan poyan kudu ngegel ceuli saeutik. Aja : ah nu bener mod ! emangna kumaha kitu ? Emod : tah mun maneh hayang panggih jeung widadari, engke saeeungges hujan bakal aya katumbiri, ceuk beja eta tungtung katumbiri aya widadari keur mandi. Aja : ah, nu bener mod, kuring mah kara ngadenge. Emod : sok we atuh cobaan teangan eta tungtung katumbiri teu kungsi lila hujan poyan raat, katumbiri nembongan ti lebah wetan. Emod : tuh ja, katumbiri nembongan, mun anjeun hayang panggih gancang teang bisi kaburu naek deui kalangit. Aja : Heuuh nya, permios atuh mod, kuring rek neang calon bebene hate yeuh. ceuk aja bari lumpat Singkat carita ti harita Aja teu pernah balik deui kalembur. ceuk beja loba nu manggihan si Aja gawena lulumpatan ngudag-ngudag katumbiri nu anggapan nana aya widadari pijodoeun manehna. Cag ah... Wassalam ...AAA

DUET CARPONPIS

‎Lies Tjandra Kancana Sudarma
" INDIGO " Kuring boga sobat, teu geulis da tapi bgabogaan daya tarik anu matak kabengbat anu nempo. Siga nu someah, saliwat mah siga gampnag wawuh,leuwih ti eta,siga gampang digoda ! Kuring apal pisan manehna teh kacida ati-atina mun manggih batur anyar teh.! Nu kuring nyaho manehna bisa maca niat babaturan anu bageur jeung teu bageur, Manehn teh INDIGO, bisa nempo sipat jelema. Aya untungna sih. sok dongengka kuring " Kasep, sopan, sorana dina telepon matak dedengeun, pokona munteu ati-ati.. matak lieur " Kuring nanya: "Terus?" Pokna:" Mun mnaehna nyebut cinta, dijawab we, abdi ge sami cinta " Tuluy we di asuh..Maneh seuri leutik . Loba nu niat enyaan mileuleuheungn mnehna. Tapi kulantaran bisa maca niat jelema tea Indigo tea. Nepi ka ayeuna tetep mnehna hirup nyorangan.Pokna teh " Hese neangan nu wening kanyaahna. Dalah dikumaha......... Heni Sumarni
APA Basa Ibu ngantunkeun, nu katinggal pangparnana kaleleban teh Apa, sababara kali kapiuhan apanan, kituna mah teu maido tuda sararea ge sasat asa diheulang. Ibu pupus henteu teu damang heula, tiba geubis di kamar mandi.Sababara poe kadieunakeun Apa rada katingal berag, tos kersa lugay najan ukur kukurilingan sabudeureun komplek,lancingan Bellini teu elat ngajiripit adumanis sareng mantel pak teu weleh metat bari nunggang Vesva kameumeutna, tara ieuh saban geureuh, keun we angkeuhan teh meh teu nguluwut teuing. Panceg dinten katujuh Ibu ngantunkeun, satutas budalan nu tahlil, Apa ngahaja ngariungkeun palaputrana, nyarios tatag sarta daria, saurna! '' Apa mah di idinan teu di idinan, poe isuk mah rek kawin deui!". Sararea ngan wasa patingpelengek.

MAN ROBBUKA

Dery Andriawan
Mandrobuka..! Cape gawe sapopoe jeput, Nyi iteung kasarean. Keur ngeungeunahna sare, kadenge sora MANDROBUKA..!, geubeug manehna reuwas. “Duh, ieu teh maot tea, mangkaning can shalat isya..!?” hatena ngagerentes. Awak asa aya nunindihan, sanajan beurat kacida maksakeun muka panon. Singhoreng si Kabayan geus aya diluhureun, bari ngaharewos MAH ROK BUKA…!!
Dery Andriawan
Tukang Koran
Diparapatan lampu beureum, budak tukang koran ngaliwat hareupeun motor. "Jang aya PR ?" "Aya pak !" tembalna "Gawekeun atuh ulah ulin bae..!" ceuk kuring bari majukeun motor lantaran lempu geus Hejo. Kareret tina kaca spion, budak ngan ukur olohok. Sapuluh tahun tiharita. Kuring jalan-jalan di toko sapatu make saragam kantor da memang waktuna ngantor. Asup ka salah sahiji toko, ningalian sapatu anu ngajajar dina rak. "Pak, damel di Kemda?" kuring ngareret kanu nanya. Katingalina anu boga eta toko. "Sumuhun !" "Gawe, atuh lain ulin bae ! pok nateh. Acan beak kareuwas, manehanana ngasongkeun lengen. "Nepangkeun abdi Yadi, kapungkur kantos icalan koran" "Bedul teh..!"
Lies tjandra Kancana Sudarma.
"Bukit berbunga " Rendezvous berdua....Kau selalu kesana, seakan dia disana, menantikan dirimu.. Terbayang-bayang manis dalam kenangan... kini baru kau rasa,kasih tiada duanya, Cinta tiada taranya.." Lagu ieu teh lagu Dewi Yul, sarerea tangtu nyaho, carita hiji lalaki anu kungsi ngulinkeun hate wanoja anu wening kanyaahna. Sanggeus wanoja eta indit manehna kakarak sadar hese neangan kanyaah nu wening siga manehna. Unggal poe manehna mamawa gitar ngagalindengkeun lagu eta ti Rumah Makan ka Rumah Makan. Nu ngalungkeun duit kana peci nu diasongkeunana, teu aya nu nyaho yen eta nu ngamen teh ceurik hatena. ngamen bari neangan sugan jeung sugan papanggih jeung awewe nu dibobodona ......Saha nu nyaho atuh ???
Inda Nugraha Hidayat
Cipanon Samangkok cipanon. Hiji indung. Antaré ngamandian anakna. Nu perlaya na tungtung bangbaluh. Basa keur jongjon ngadagangkeun botol-botol nasib. Di sisi jalan. Peuntaseun hiji gedong sigrong. Samangkok cipanon. Hiji indung. Tulatén meresihan tatu na awak anakna. Tapak batu. Tapak sapatu. Tapak kaceuceub nu duka ti saha keur ka saha. “Deudeuh teuing, anaking. Hidep bet nuturkeun lalakon nu jadi bapa.” pokna bari ngelap getih garing dina dada raca anakna. Kaangseu hangit pelor. Hangru kabingung. Jeung dalingding malati. “Bapa hidep maot teu jauh ti dinya. Patlas taun kalarung. Raca awakna teu béda jeung hidep. Pinuh ku tapak kaceuceub.” “... bentrokan demonstran dan aparat, kembali menelan korban ...” télépisi piligenti ngémbarkeun rajapati. Samangkok cipanon. Teu daék béak. Réwuan indung. Sabilulungan. Ngamandian pangeusi nagri.

Jumat, 20 April 2012

Rinto Variasirias
Joko tarub: kuring nguliwed ka sisi leuwi neangan tempat nu sakira teu katempo kunu marandi. Tujuh bidadari jongjon nyoo cai. Barang sidik bongoh kuring ngeteyep ngadeukeutan batu tempat nunda pakean para bidadari. Ceg, kuring nyokot karembong warna koneng, keteyep deui mundur ka tempat tadi. Nu marandi hanjat tina cai bari cug-ceg kana karembong masing2. Aya hiji nu culang-cileung bangun aya nu diteangan. Sanggeus sidik teu kapanggih hiji-hiji bidadari teh hanjat ti leuwi tuluy haliber. Tinggal saurang deui teu bisa hiber tuluy ku kuring di sampeurkeun. Manehna kalah undur2an tuluy lumpat teuing ka mana. Karembong teh ku kuring dikeukeuweuk kambeu seungit minyak kasturi, katembong tiborelak cahaya emas. Keur jongjon nyoo karemong torojol bidadari tadi bari dibarengan ku prajurit. Teu tatapasini deui eta prajurit ujug-ujug jebet neungeul kana sirah kuring. Leng, kuring lieur tetenjoan asa pararoek. Samar-samar bidadari teh ngarawel karembong nu keur di cekelan ku kuring bari kadenge ngomong. "Nyao teuing nu gelo timana ieu teh, make jeung ngeukeuweuk anduk nu kami?"
Jejen Jaelani War/ Tadi Peuting: Sanggeus lila hareudang ku bayeungyang mangsa katiga, peuting ieu na sela-sela girimis hujan, aya galindeng katresna pinuh wirahma, ngamalir kana rasa, ngahudang birahi suci, jalaran kaleahan salira ngeclakeun tirta lebah ngahgarna lemah nu tos bareulah.
Jejen Jaelani War/ PANANYA : Mulang ti Kolumbia, sirna sagala cita-cita, raratan jugjugeun ilang sirna, na hatena aya nu tumanya, na enya uing geus gelar deui ka alam dunya dina raga nu geus beda atawa uing kudu pura-pura amnesia, sangkan bisa kaluar ti panjara?

KULKAS AGEUNG

Iwan Ardhie Priyana
Kulkas Ageung/ Pa naon sih hartosna istri simpanana teh? Ditanya kitu ku anakna nu kelas 2 SD bapana rungah-ringeuh, bingung. Tapi teu burung nembalan oge. “Istri simpanan teh istri…nu di simpen ngarah awet….” Cenah. “Oh mun kitu mah kulkasna kedah ageung nya Pa?”
Jos Sajah
Strata Harga Dewegan teh kalapa ngora, hargana 10 rupia. Eta harga puluhan tahun ka tukang di Cipatujah - Tasikmalaya. Pangandaran dina warung saungna, kiwari kalapa ngora hargana 6 - 7 rebu rupia. Ana pon asup ka hiji Hotel di Bandung harga kalapa ngora nulak cangkeng dina 25 rebu rupia. Hotel Gede di jakarta 50 rebu rupia. Hotel meujeuhna di Singapur harga kalapa ngora nanjak kana 200 rebuan (saparantos di-kurs-keun). Hotel Shangri La Hongkong 300 rebu, moal kitu di Al Burj mah kana sajuta ? Leos indit ka lebah kaler muru ka kebon, ngajulan kalapa ngora. Meunang 5 siki ... ludes 2 siki ngaborolo kana padaharan, teu aya nu menta harga da sidik kebon kebon mitoha kalapa pelak mitoha. Ngabaheuhay nyarande kana tangkal kalapa, tanggah kaluhur bajing laluncatan ... teu dicaralana.
Iwan Hanjuang/ Manuk Bapa Lurah./ Pa Lurah resep pisan miara manuk, manuk kameumeutna, manuk titiran, aya kana sapuluhna.Dina hiji waktu manukna leungit kabeh, duka aya nu maling duka dileupas-leupaskeun ku Bu Lurah, da rudet nempo salakina ngurus manuk wae teu ngurus nu sejen.Kulantaran keuheul Pa Lurah ngayakeun gempungan di bale desa ngondang awewe lalaki aya kana 200 urangna.Saenggeus ngaler-ngidul ngomongkeun soal moral jeung kajujuran tuluy Pa Lurah nalek ka nu ngilu gempungan. " Saha didieu anu boga manuk, sok nangtung ?" Lalaki kabeh dina gempungan narangtung kabeh. " Eh lain manuk eta atuh sing ngarti, Saha anu geus nempo manuk?" Awewe kabeh anu ngilu gempungan narangtung. " Duh geus salah deui wae!! Kieu atuh!! Saha anu geus nempo manuk kuring?" Lima awewe narangtung, bari silih reret jeung seuri semu era.
Iwan Ardhie Priyana
Di Alun-alun Bandung.
Di alun-alun Bandung raeng nu pating corowok,anu nawarkeun baju jeung anerok di juru beh ditu aya nu dangdananana camerok.Wanci Isya Hawar -hawar sora adzan ka bawa angin ka landeuhkeun., sorana peura, bangun nu beurat kacida, tapi, deudeuh teuing teu ieuh pada mirosea. Sarerea nu aya didinya pada-pada balitungan, ngitung bati ngitung rugi. Beuki peuting di alun-alun Bandung raeng nu pating corowok tapi lain panggeuing, estu sora papaes dunya nu endahna kabina-bina, matak kabita. Waci subuh di alun-alun Bandung sora adzan kabawa angin kalandahkeun tapi teu aya nu mirosea teu aya nu kabita, sanajan nawarkeun sorga lantaran awor ku sora budah naraka.

Kamis, 19 April 2012

Rinto Variasirias Nu macul
poe maju ka beurang. Nu macul ting arungked ngecrukeun pacul diselang ku gogonjakan sabulang bentor. "urang teh bakal kieu wae hirup teh euy?" Ceuk mang kahdi reureuh heula bari nyampaikeun leungeun na gelung pacul. "leukh! Nya rek naon deui hirup mah, nu penting mah asal ngenah dahar" ceuk mang diman jongjon ngaguarkeun taneh bari ditincakan. "heu' bener mang! Keur naon loba duit ge ari teu cageur mah?" jang oleh milu mairan bari ngarandeg, tuluy ngulangkeun deui pacul. "Nya genah mah loba duit bari cager euy?" ceuk mang diman deui. "nya enya atuh mang, heheh!" ceuk jang oleh bari seuri, nu lain ge milu sareuri. Komo mun loba duit bari sehat bari nyandung? Mang yaya milu nyelengkeung. Der saleuseurian deui. "komo mun nyandungna opat? heheh!" ceuk jang oleh embung eleh. Ger deui sareuri. mang kahdi nu tatadi loba cicing hanjat tina galengan. "dewek balik tiheula euy, rada teu garenah ieu teh!" kunaon mang? Kagok anggeuskeun tereh bedug!" ceuk mang yaya, tuluy dipairan kunu lain. Mang kahdi tonggoy indit paculna disampaikeun na taktakna bari pada melong. Geus kitu rumpuyuk, gubrag! mang kahdi ngagubrag tuluy pada muru. barang dicengkatkeun geus teu nyawaan.
Heni Sumarni
Pahlawan. Nepika ayeuna manehna sorangan masih keneh hemeng siga can ngarti,atuda meureun ngarasa bingung, naha manehna sakitu di ugung-ugungna, nepika sok aya poe pangeling-ngeling pikeun manginget dirina. Sok padahal manehna sadar kacida, jeung rumasa!, ngan pantar wanoja nu prustasi, anu ngan bisa ngabudalkeun sagala kahayang jeung angen-angenna kana rewuan ungkara surat anu di kirimkeun ka babaturannana. Atawa naha pedah manehna teh anak raja?

CARPONPIS JOS SAJAH

Jos Sajah
Nyata Bahasa Sepanyol teh asalna tina Basa Sunda El presidente del la CARPONPIS, senor Selamet Priatna dintenes kemis y wengias jum'ates mios ka Tasikes kana Karetas apias. Satengahingos jalante palebahes Leles garutos el presidente tibros, bobos nyarande kana kaca jandelos. Bakates ku cape Senor Selamet bobos bari calangapos tos tangtos pohoes di bumias alamos. Kacatures Karetas apias parantos dugias ka Tasikos, Senor Selamet ditaros kondektures : "Senor ... bangunante ! karetas apias tos dugias ka Tasikos". Di lebahes perones el senor Selamet diparios karcis terus ngaleos. Kaluares ti stationes Tasikos el senor ngarenjages, sababnas aya duo office boyes nyarios : "Selamet Datang di Tasikmalaya", kitunas teh baries sasalamante ka sarombongantes turises asales sepanyol. El presidente del la CARPONPIS, senor Selamet Priatna humandeuares : "Kuduna ka aing atuh ngucapkeun nu kitu mah !"
Akang Ei
Hareudang bayeungyang, langit angkeub panas nyongkab, ciciren usum ngijih bakal ninggalkeun urang mapag usum halodo sasih payun.
Jos Sajah
Teu sadar, bakating ku anteng nyanghareupan laptop ... naaa ujug-ujug jekuk jekuk we punduk aya nu meupeuhan mani reuwas jeung nyeri kabina-bina. Ngumpulkeun sesa tanaga nu aya kuring nyoba ngalieuk saha mangkeluk nu geus wani wani meupeuh ka buyutna Kean Santang. Pas malik kasampak sakadang jikan ngajega bari ngamang ngamang sapu injuk. Lalaunan kuring malik deui terus maca kalimat terahir dina "obrolan", jentre pisan kabaca : "Lagi apa yayang sekarang ?"
Ida Rukmana Ida
Geugeut Beuki dieu beuki deukeut
yeuna moal deukeut jeung roti,ari roti deukeut jeung akang mah teu nanaon,nyarita akang sieun cadel,mun geus cadel tangtos anjeun moal bogoh deui ka akang?.."Ih maenya atuh kang?."Apanan abdi ti kapungkur teh nu engkang kaasup misro sareng combro. Ida Rukmana Ida Nulis Carpon Geus lila teu nulis carpon, ngarasa kapok pedah carpon nu ditulis eusina pabaliut."Sing bener euy nulis carpon teh da kahareup mah bakal dibere honor, sok hayang honor sabaraha? ceuk saurang redaktur di hiji majalah."Upami kahoyong mah tina sacarpon honor na saratus rebu?"Eu, bisa-bisa bisa pisan "."Iraha rek nyetorkeun naskah?."."Ke paling taun hareup rek ngalamun heula."Maenya taun hareup mun kitu mah atuh carita ponsok pisan.".manehna ukur unggeuk.
Katineung.
Sono kana gelikna sora suling budak angon Dina lolongkrang pucuk eurih jeung harendong Nu baheula kungsi nyingkahkeun simpe ayeuna hawar-hawar mesin pabrik ngusir piit jeung hahayaman Sono ku ngagenyasna cinembrang herang wahangan harita ditungtung pengkolan malipir sisi lamping bras ka irigasi caina tiis ubar halabhab, reureuh pangbeberah lalakon kiwari ngan kari gambar mapaes troroar, saukur dina pangimpian
Diky Pamanahrasa mang basooooo?????? aya keneh teu?? aya jang,,, !!!! bade meser jang,, ???? ah moal mang mung naroskeun we wungkul,,,, !!!
Irman Dimyatie
‎ #BALONG AKI# "Bah, uing hayang dahar jeung lauk," cekéng téh. "Aya ari lauk mah, ngan laleutik keneh. Lamun daek, jig indit ka aki maneh, di ditu mah laukna geus baradag,' ceuk abah nitah kuring ngadatangan aki. "Omon, sia téh hayang lauk? Najis aing mah barang béré ka anak Si Sarju!" ceuk aki basa kuring balaka rék ménta lauk ka anjeunna. Gebrug, panto dipeundeutkeun satakerna. "Astaghfirullah....!" kuring luncat ngajauhan panto, bisi kagencét. Keuheul ka nu jadi aki, gidig ka balong laju dibedahkeun. Isukna si aki ribut barang ningali balongna geus saat...... enya saat pisan!
Asep Doel Dua aya hiji raja boga anak hiji kabeukina gedang atah di bere gedang asak paeh....
Asep Doel Dua
aya hiji raja boga anak hiji kabeukina gedang atah di bere gedang asak paeh....
Iwan Hanjuang
Fair Play Komentator vs Komentator,Bobotoh vs Suporter, nu lalajo vs nu lalajo, Pamaen olohok
Puri Kania Pramanik War BINGUNG
Aya wirahma ngageuri lebah kanyeri jalaran ungkara basa salira nyandak tunggara bari nguwak-ngawik rasa, duh naha kedah kumaha iieu diri atanapi kedah nahan cisoca sangkan teu bedah payuneun salira?
Rudi St Darma uncle na roda ngababad balad semu asin, raheut ruwah hideung bloody, matak manah pacantel can tell.. lung long ta ya hanca (hanca)

Ku Rd Okke Chandra: Surat Keur Pun Bojo

Surat Keur Pun Bojo Ku Rd Okke Chandra Geulis kanyaah akang, bojo akang nu bageur, hampura nya nung, tos cep jempe, sanes ngahaja akang teh, teu aya kahoyong akang nganiatan nganyenyeri ka anjeun nu dipikadeudeuh ku akang, anjeun teh keur akang mah brag asih da di asih, mangka welas, mang ka asih, moal aya raat asih akang ka badan awaking. asih akang ngan keur awaking.... Sumuhun akang terang naon anu ku anjeun di ceungceurikan teh, ngan kumaha atuh akang teu lieur geulis... wanoja nu resep ka akang teh paboro-boro, nu hayang paheula-heula, nu beuki pagiling-giling, sakapeung akang sok ngahuleng, da akang teh lain arjuna, akang mah jejer pasar istilah na mah, pangawakan biasa, kulit hideung, kasep hanteu, goreng hanteu, beunghar ku banda hanteu oge, tapi da eta para wanoja teh mani ngagalibed ka akang siga nu amprok jonghok mendak jodo istilah na mah. Sing percanten ka Akang nya geulis, cik cenah sugan aya saratus syahrini di jejerkeun dipayunenun akang, moal hiji ge akang di lieuk, mung anjeun geulis nu aya di hate akang... anjeun nu jauh dijugjug anggang di teang teh, sakali deui geulis, ulah sieun da akang mah lain lalaki nu osok iwak nangtang sujen wawanian nyorang picilakaeun. Doakeun akang ku anjeun supaya akang henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, moal jalir jangji akang ka anjeun nyanggupan sabobot sapihanean sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka jeung anjeun. Ti nu nyaah ka anjeun salawasna.