Sabtu, 21 April 2012

Inda Nugraha Hidayat
Cipanon Samangkok cipanon. Hiji indung. Antaré ngamandian anakna. Nu perlaya na tungtung bangbaluh. Basa keur jongjon ngadagangkeun botol-botol nasib. Di sisi jalan. Peuntaseun hiji gedong sigrong. Samangkok cipanon. Hiji indung. Tulatén meresihan tatu na awak anakna. Tapak batu. Tapak sapatu. Tapak kaceuceub nu duka ti saha keur ka saha. “Deudeuh teuing, anaking. Hidep bet nuturkeun lalakon nu jadi bapa.” pokna bari ngelap getih garing dina dada raca anakna. Kaangseu hangit pelor. Hangru kabingung. Jeung dalingding malati. “Bapa hidep maot teu jauh ti dinya. Patlas taun kalarung. Raca awakna teu béda jeung hidep. Pinuh ku tapak kaceuceub.” “... bentrokan demonstran dan aparat, kembali menelan korban ...” télépisi piligenti ngémbarkeun rajapati. Samangkok cipanon. Teu daék béak. Réwuan indung. Sabilulungan. Ngamandian pangeusi nagri.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar