Rabu, 18 April 2012

Lies Tjandra Kancana Sudarma: NU KEUR NYAMAR:

Lies Tjandra Kancana Sundarma "NU KEUR NYAMAR " Di pararapatan jalan Ciateul, hareupeun Unpas, aya mojang keur ngajanteng sig aya nu ditungguan. Tukang Beca nyampeurkeun, sirahna make kupluk hideung,ditutupan ku topi jarami nu geus rawing sisi-sisina.. " Mang anteurkeun ka Jalan Kota Baru nya ? " Bari teu nawar mojang geulis teh naek, Tukang Beca teu nanyakeun rek dibayar sabaraha. Nu keur diuk teh katempo pundukna, beresih, aya karangan palebah buntut kasirna. Nu geulis kadenge teteleponan. make HP Black Berry: " Pokona putus !! Tukang Beca ngadengeeun da tarik sorana siga nu ambek pisan." Pokon putus !! Naek Beca ! Gua gak butuh mobil Bapakmu ! Putusss!!! Turun hareupeun imahna si mojang ngalungkeun duit Rp 20.000 kan jok. Bari ngaleos tukang beca ngomong sajeroning hatean :" Uing dibelaan ngbeca keur mayar kost jeung kuliah, kira-kirana manehn daekeun heunteu ny balik deui ka Uing ?"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar