Jumat, 04 Mei 2012

Lies Tjandra Kancana Sudarma: Carponpis " Kumaha Lamun ?"

Lies Tjandra Kancana Sudarma
Carponpis " Kumaha Lamun ?" **************** Geus lila kuring niis dihiji tempat anu jauh k kota,. Dihiji tempat anu matak ngahenang ngahening. Unggal poe nu kadenge iwal ti sora cai walungan jeung recetna sora manuk sarta ningali kaendahan alam sakuriling. Diditu pisan kuring niis bari hayoh we ramo teh nguyek din key-board Lap Top kuring bari ngadengekeun sora bangkong tikajauhan ari tengah peuting. Sore kamari kuring dianteur ku si Bungsu jalan-jalan di Bndung. Leuh asa kacida ramena bari jeung macet. Sababaraha kali kuring nempo aya sababarah nonoman anu make iket mani matak resep katempona. Barudak ngora bari suka seuri ari sirahna make iket model Barangbang Semplak ? Kuring ngan sukur ngarasa reueus, Kumaha nya lamun..eta iket dijadikeun kabudayaan keur Urang Sunda dimana wae? Geuning lucu, moal eleh ku Urang Bali ?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar