Kamis, 03 Mei 2012

Yuharno Uyuh ONod: ‎'CAN LUNAS"

Yuharno Uyuh ONod
‎'CAN LUNAS" Dasar si Tebleng matak pigeuleuheun tatanggana. Unggal isuk pasti aya sora parabot dapur anu disarada jiga karya komposisi musik kontemporer di STSI; kayaning panci, piring peupeus pacampur jeung sora budak ceurik geus puguh sora si Tebleng nyebutan sasatoan anu garalak sarta narajis mah. Kadenge si Tebleng keur najongan parabot dapur deui. "Pek ku aing siah ditajongan geura.. golombrang najong baskom, ret kana kana piring, di tajong borolo.. gepre. Ret kana rantang, barang rek ditajong pamajikanana ngagorowok. "Ampun, omat Kang.. Rantang mah can lunas. Tembleng nanya deui bari siap rek najong. "Mana siah anu geus lalunasna...? Pamajikanana ngasongkeun bujur. "Tah ieu... Tebleng ngabalieur. "Embung eta mah siah, aing butuh keneh...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar