Sabtu, 05 Mei 2012

Wawan Darmawan: NOLOL

Wawan Darmawan
NOLOL Si Jabrig teh budak bangor tur lenger. Tapi manehna boga panyakit nu teu eureun-eureun. Ungal poe eta lehona teh kaluar tina irungna. Atuh puguh we jalma nu ningali teh geuleuheun. Hiji waktu manehna ngaliwat ka hareupeun aki SOmad nu keur moyan bari disasarung. Bareng ret ki Somad ka si Jabrig ki Somad ngabalieur geuleuh. Pokna: "Si Olol Leho siah ... nyingkah ka ditu ! Si JAbrig keuheul asa diteungteuingan ku ki Somad. Manehna ge pok ngomong bari nunjuk : "Mending olol leho jeung olol peot mah" Ki Somad reuwas ari ret ka handap sihoreng tuan kawasa gugulantungan milu moyan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar