Jumat, 04 Mei 2012

Endang Kasupardi: SANES ABDI NU TI PAYUN

Endang Kasupardi
SANES ABDI NU TI PAYUN *** "Eh puntennya, anu ngasms ti payun sanes abdi, janten sanes abdi....", pokna dina jawaban sms ti kuring. Enya jawaban kuring oge ukur ngahaha..."Neng meni ih...emut wae kana sms panungtung eta", jawab teh. Kitu sotenan geus puguh sataun kaliwat. basa kuring anu saratus kalina tetep ditolak ku manehna. "kieu we...", cek kuring harita. enya sms anu panungtung tea. "akang moal ngasms deui neng da puguh anggapan akang neng teu bogoh sanajan akang geus ngabuktikeun sagala rupaning eusi hate jeung tanggungjawabna. tapi mung sakalieun neng ngasms akang. Inget eta hartina neng bogoh ka akang", kitu pok teh. Bener we, ti harita geus sataun nepi ka ayeuna teh. panceg dina poe jumaah ieu. Kuring tara pernah ninggali sms jeung teu wani ngasms manehna. ayeuna wani soteh dumeh geus rada poho piraku onam manjangkeun beda paham.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar