Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Jumat, 04 Mei 2012
Rinto Variasirias: UNTUNG KENEH
Rinto Variasirias
UNTUNG KENEH
Si Kabayan keur ngajanteng sisi jalan. ujug-ujug aya nu gugulutukan hareupeunana ragrag tina mobil nu ngabelesat lumpat. Barang ditempo, eta barang teh sihoreng koper. panasaran tuluy dibuka ari breh teh duit ngentep meunang ngabandrolan. teu loba carita tuluy dibawa ka imah bari hariweusweus nyarita ka nyi iteung. " teung, tingali uing manggih duit sajuta" ceuk si Kabayan bari nembongkeun duit dina koper.
" euleuh... enya meni loba kitu.. sabaraha ari sajuta teh kang?" nyi iteung panasaran.
" Belegug, meni teu nyaho sajuta-sajuta acan? ari sajuta teh hartina sakoper, teung!"
"Rek dikumahakeun atuh ieu duit teh kang?"
" Samentara mah urang sumputkeun teung, bisi aya nu neangan!"
"tapi dimana nya?" ceuk si kabayan deui bari ngahuleng. tapi teu lila nyeh seuri.
" geuwat sumputkeun di hawu bisi kaburu aya nu nganyahoankeun!". ceuk si kabayan.
nyi iteung buru-buru mungkus duit ku bubututan, tuluy di bebeskeun kana hawu. enya we teu lila kurunyung aya dua polisi datang ka imah si Kabayan rek neangan duit nu leungit. sanggeus asup ka imah tuluy dariuk na korsi.
"nyi, suguhan cai yeuh tamu!" ceuk si Kabayan ngajorowok.
" aduh, euweuh pisan cai kang kabayan!"
"naheur heula atuh saeutik mah!".
imah si kabayan tuluy di geledah ku pulisi, tapi pulisi teu manggih nanaon, antukna baralik.
si kabayan buru-buru mariksa hawu. tuluy di guar guar, tetela duit teh ludes, geus jadi lebu kabeh sabab di pake naheur cai ku nyi iteung.
keur ngaguar-guar kitu, gorehel teh si Kabayan manggih bubuy hui boled. tuluy dihuakeun bari cacamuilan. "untung keneh teung, boled uing henteu tutung!"
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar