Selasa, 01 Mei 2012

A Badai AbdAz:: Cingékéng

A Badai AbdAz
Cingékéng Hareugeueun, bakating ku resep macaan posting katut koméntar nu ngéntép dina layar komputer, grup CARPONPIS dina pésbuk. Kabita hayang nyieun carpon anu pis. pasuliwer ideu dina sirah, ngan kumaha jeung tina naon nya ngamimitian. Nyot udud dikenyot, karasa panas kana biwir da ruhayna geus méh nepi kana gurat, regot cikopi, gegedoh kainum sawareh ka teleg. ras inget lalakon jeung popotongan, éta kitu? carita ngeunaan duriat mah mémang sok pang onjoyna dipikaresep, cenah éta gé, ah asa éra parada, sok padahal moal aya nu ngageunggeureuhkeun. Atawa ngeunaan agama katut papagon kahirupan kitu? ah rumasa lain ajengan, lain ustadz-ustadz acan. Huleng. cekrék nyeungeut udud, haseup nyerebung, rét kana cikopi kari gegedohna. Teu dipaliré pemberitahuan pulas beureum béh luhur layar nambahan, nandakeun aya nu ngomén dina apdét setatus jeung sajabana, pataréma jeung nu hayang jadi teman. udud dikenyot deui, kamar gawé mulek da jandéla can dibukakeun, jurig horéam keur nyurup dina awak, keur meujeuhna betah sigana. Keur ngahuleng karasa beuteung mulikbek, cengkat ngojéngkang bari ngajéwang anduk, sugan aya ideu nu rada mantes da cenah ngeunah mikir mun bari cingékéng, ngingkig ka cai, udud teu lesot. cag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar