Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Senin, 30 April 2012
Endang Kasupardi: IMUT NU NGANCIK
Endang Kasupardi
IMUT NU NGANCIK
Ukur sareret. puguh sakadar ngaliwat. teu ieuh sidik kumaha rupa jeung sorot matana. tapi nyeta imutna terus manteng dina ati.
"salira teh saha?", cek hate dumadak nanya teuing kasaha anu pamohalan bakal aya jalma anu ngajawabna.
terektek we nulis. "sugan kudu di sms ku uing mah. meh manehna nyaho", cek hate deui bari terus mikir kumaha basa anu pas keur manehna. beres nulis sms terus dikirim. leng ngahuleng.
"panan can boga no hapena oge", cek pikir deui. teu jadi.
unggal isuk sok ngahajakeun ngalangeu heula di hareupeun buruan. sugan we manehna aya deui ngaliwat siga kamari, basa kuring keur nyebran kembang. tapi geus meh sabulan, anu imut ngirut teuing kamana teu ieuh panggih deui. tapi tong hariwang geulis, imut salira bakal terus ngancik dina ati kuring.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar