Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Jumat, 27 April 2012
Jos Sajah: Niat Ngaopat
Jos Sajah
Niat Ngaopat
Hate mah leuwih nyaah ka Ela da sidik kawin teh keur meujeuhna parawan jeung jajaka tulen. Eta ceunah pamajikan kadua ... Eti, enya ge geulis tur bageur pan sararea ge geus nyarahoeun yen manehna teh randana si Asep, batur kuring sakelas di SMP. Atuh nya kitu deui pamajikan katilu Nani, jelas kawin ka kuringna ge anu katiluna keur manehna teh.
Lilis ... imahna hareupeun imah kuring pisan ayeuna teh, apal pisan lah ... salakina nu ayeuna teh mangrupakeun salaki anu ka genepna. Naha atuh hate teh bet nangkel wae ka Lilis, mun teu era ku huntu nu kari 6 siki jeung incu nu geus salawe sikina mah meureun ...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar