Rabu, 25 April 2012

Encep Sopandi

Encep Sopandi
Punten nimbrung. Kamari basa ngawas UN di SMA Nagreg. Ngobrol jeung pulisi, pa Aceng ngaran eta polisis teh. ceuk pa Aceng, "mun hirup masih sieun ku jurig, setan atawa sabangsaning ganderewo. ieu dibere doa anu mujarab pangalaman budak ngaji. Budak ngaji, 10 tahunan ngaliwat kuburan, eta aya jurig ka hareupunana, atuh ngadegdeg sieun. eta budak langsung ngadoa, "Allohumma Bariklana Fima Rajaktana Waqiana...." can ge beres eta budak maca doa, jurig geus lumpat bari ngagorowok, "Ampuuun..., kakara salila jadi jurig, rek dihakan ku budak?"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar