Jumat, 27 April 2012

Hilda Iskandar: ‎~GEHEL~

Hilda Iskandar
‎~GEHEL~ Kacaritakeun Abah Ebeng, kokolot kampung nu luhung elmu,nu purah ningtrimkeun warga nu kapapatenan teh sugan mah pang jagona ! Harita basa Ceu Epon ditinggal keun maot ku Kang Yoyo,ti mimiti layon di pulasara nepi ka di kurebkeun ceurik balilihan........kabeh nu nganteur ngabeberahna ukur ngalimba nempo Ceu Epon ceurik. Abah Ebeng ngalelemu ku papatah nu matak niiskeun "Sing sabar Nyai...keun weh, manakitu ge geus nasib ilaing jadi randa ngora-ngora, anggur dung keun sangkan salaki ilaing tenang, dicaangkeun kuburna......tuluykeun kasatiaan ilaing sangkan barudak ilaing barisa jadi jelema !" Jep weh geus kitu mah Ceu Epon teh teu ngabangingik deui. Ngan peupeujeuh Abah Ebeng nu ieu mah asa beda Basa Kang Uju kapapatenan ditinggalkeun Ceu Iyah, bubuhan Ceu Iyah mah keur hirupna kumawula pisan kasalaki, tada teuing pas maot teh Kang Uju Ceurikna auk-aukan da kalengitan na kaliwat saking. Teu sidikna kokosehan basa layon di kurebkeun teh alatan asa disamber heulang! Abah Ebeng ngalelemu deui siga biasa " Geus Sabar Jalu, nu geus euweuh mah tong diceungceurikan da moal hirup deui...anggur ilikan ku ilaing saha itu nu make karembong kayas make payung!" Kang Uju nu keur ngabangingik ceurik nembalan bari ngareret ka tukang...Mmuuaannaa???? teu uyahan....dasal lalaki !!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar