Jumat, 27 April 2012

Dado Tisna aya gajah keur ngeueum di walungan. torojol sireum datang. :

Dado Tisna
aya gajah keur ngeueum di walungan. torojol sireum datang.
: sireum:"jah! kadieu!" gajah:"naon?" sireum:"kadieu hanjat heula!!!" gajah:"cicing sateh, uing keur ngeunah-ngeunah ngeueum teh, ngaganggu wae!" sireum:"kadieu heula sakeudeng. aslina sakeudeung. moal lila. enyaan! sing sumpah!" gajah:(semu keuheul. gajleng gajah hanjat ti walungan nyampeurkeun si sireum) (si sireum ulak-ilik nempo awak gajah. terus gogodeg) gajah:"aya naon sateh?" sireum:" ah henteu. sok we tuluykeun deui ngeueumna!" gajah:"eh sikoplok ngagawekeun uing! dijejek siah! nu piguh atuh tadi teh aya naon??!!" sireum:"ah henteu, ngecek we gening lain." gajah:"naon nu lain?" sireum:"salempak uing leungit, sugan teh dipake ku maneh!!" gajah:"teu logis sia mah ngomong teh!!! deuleu atuh awak uing! bandingkeun jeung maneh! moal mungkin uing make salempak!!! uing mah gajah bikang deuleu!!!!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar