Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Jumat, 27 April 2012
Jos Sajah: Mustika
Jos Sajah
Mustika
Teu sakara-kara mucunghul ngaran Mustika. Rek teu kaingetan kumaha da rupana memang manis, ditilik ti gigir duh aya ku manis pon ana kitu deui diteuteup ti hareup ... lah matak kabita. Geus aya kana samingguna kuring milangan kancing ... beuli ... atawa ulah, ulah ... atawa beuli.
Beuli ... !, kitu nu aya dina jero hate, duuuh Mustika anjeun kudu jadi milik diri. Teu antaparah deui clak naek motor, bius muru jalan Pasar Wetan. "Mang ... aya keneh Mustika teh ?". Manehna neuteup seukeut ka kuring. Inget keneh tilu bulan ka tukang menehna kungsi ngomong : "Ieu Mustika ngan ngajodo sareng salira, moal dibikeun ka nu lian !"
Transaksi singkat pisan, duit ladang nyaloan motor dikoredaskeun ... Batu ali Mustika Asem warna coklat tepi ka ayeuna napel mapaesan jajangkung leungeun katuhu.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar