Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Selasa, 24 April 2012
DUEL CARPONPIS ANTAWIS IWAN HANJUANG VS JEJEN JAELANI WAR DINA LALAKON "PAREBUT LILIS"
Iwan Hanjuang
Duh Lilis.:
Lilis keur ngadaweung dina golodog, kurunyung tukang pos mikeun surat.
Dibaca, surat ti kabogohna Jang Jejen Jaelani War.
Eusina : Lilis bageur, Sorry akang teu bisa datang dina saminggu ieu, pun Rama keur gering, pun Ibu keur ngala kewuk,pun Rayi keur sakola, pun Raka keur indit, akang oge ayeuna keur teu ngeunah salira, akang aya di Bumi we nyalira, Lilis panginten keur dirorompok nya?.Akang ayeuna hese hees, Ucing akang si Morning jongjon we tibra kulemna, jaba keur kakandungan, tah pun rayi anu awewe ayeuna keureuneuh geus opat bulan.Lilis bisi rek barang dahar nganjuk heula ka warung, omat si Morning Ucing kadeudeuh akang pasihan tuang bisi lapareun. Lilis bageur sakieu we hola nya surat teh, engke disambung doi ku SMS.
Jejen Jaelani War
Beu Eta Lilis
Kang Iwan Hanjuang mani uleng ngalamun, rarasaannana Nyi Lilis nebar-nebar seungit malati nu geus mayak handapeun tangkalna. Hatur nuhun, gerendengna, teu beda hanaang nu lantis ku saleguk ciherang tiis. Roman Kang Iwan ngadadak alum, hatena ngadadak kulawu, Duh, Lilis kunaon anjeun sumping dina pangimpian, namung teu sawios ketah, gerendengna deui, apan hirup teh bagean tina pati, anjeun ge bagean tina ngimpi.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Beu naha bet janten duel, sok sieun bobor karahayuan we, Kang Iwan Hanjuang tea sok ngamang-ngamang gegendir..... heuheuheu...
BalasHapusAh da ieu mah saukur ocon heuehueue.....
BalasHapus