Jumat, 27 April 2012

Rudi St Darma: LILIS

Rudi St Darma
LILIS
sumuhun abi lilis, sok we tingali dina e-ktp.. namina siga lilis surjani, yuswa dalapan welas taun, bodi ehm, tinggi satu enam sakitu, mangga we bilih bade ngukur mah, asal tong di cubak-cabak bisi di cabok, ati-ati pecah berarti membeli tah. eh tapi deui abi teh sanes lilis nu di jalan cicihilannya, komo lilis nu so' beulah dituen jalan cikibung mah. kade ah, wios raray abi rada siga lilis karlina ti cigeol tapi aya karang montreng pas tungtung biwir, halah seki we abi mah. tapi nya kitu sok disangka artis abi teh, seubel sakapeung hayang ngambek, pitnah atuda eta mah. komo mun sok di siga-siga lilis liong, abong-abong abi bodas, k-pop bangeut deh, tapi ayeuna mah tos rada hideung da kusering di bawah mentari. kamari pas naek angkot, aya perjaka duka duda melongkeunana teh meuni hologhog.. lilisnya? ceuk simanehna ujug-ujug. can ge kajawab jeung ngarasa aneh naha apal ngaran abi, si eta geus nanya deui 081320204047 pan?.. wewww da abi mah 085620XXXXXX. aduh teu kahaja replek eta nomer hp abi kasebutkeun, bari reuwas asa kahipnotis, can ge beak karewas nada dering hp abi di sada terus bari ganti-ganti nomer nu euweuh dina ponbuk ngamiskolan, aya sawelas nomer. kadituna mah reuwas geus teu mempan, teu bingung, nu aya hayang ngabadetkeun hp da era kugandengna, pan nada panggil hp lilis teh reff sik asik r u think think, salah donlod eta ge.. culang cileung dinu angkot pinuh, genep lima. reup ngaheuang ku sepi.. teu lami aya sora ngaduruddud, nu ka hiji abi lilis.. agus!.. lilis.. juha!.. lilis.. chandra!.. lilis.. abu!.. lilis.. udun!.. lilis.. bakri!.. lilis.. jeung saterusna nepi sawelas ngaku nu miskol tea.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar