Jumat, 27 April 2012

Iwan Hanjuang:(Pinter jeung Hade.)

Iwan Hanjuang
(Pinter jeung Hade.) Sohib, ngalalana di dunya teu leupas jelema hadé jeung pinter, duanana asa sarua, hésé ngabédakeunana lamun ditempo panon buligir, tapi kacida pisan bédana, lamun urang bisa ngaragap ku haté anu wening, bari muntang ka nu kawasa. Di dunya gampang pisan néangan jelema pinter, tapi hésé pisan manggihan jelema hadé. Nu teu weleh tutulung ka nu butuh bari teu balitungan pamulang tarima. Néangan jelema bersih haténa ngan bisa dirasakeun ka sorangan, tapi jelema anu guminter balatak aya dimana-mana, jelema anu beungeut nyanghareup hate mungkir. Panggih unggal usik sarua jeung renghapna napas, bari teu ngukur yén ajén manéhna can tangtu bener, sanajan ngadongéngkeun shalat acong-acongan unggal manjing waktu, bari lalampahan taya pieunteungeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar