
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Rabu, 25 April 2012
Hilda Iskandar: ~ Nyeri huntu~
Hilda Iskandar
~ Nyeri huntu~:
Ari jelema boga kanyeri sok rupa-rupa metakeun na teh, heueuh da nyeri mah teu karasa ku urang Jepang ningan.
Hiji Mangsa Mang Samid, Juragan tanah anu pang beungharna di lembur singkur dibere kanyeri alatan gering geus 2 poe huntuna koropok.
Unggal usik ngan poporongos jeung tutah-titah ka badegana.
Dasar jelema kumed, mbung pisan mariksakeun huntu ka dokter da sieun kudu ngaluarkeun duit!
Poe ka 3 kanyeri na geus kaliwat saking atuh peuting eta amah gegerungan pisan,
“Aduh Gusti…………………teu kiat abdi teh nahan ieu kanyeri” bari sasambat.
Peuting kalahka simpe, heueuh da puguh kabeh badega na geus talibra
Beuki peuting beuki tarik gegerungana teh.
“Aduh Gustiiiiii…Aduh…Gustiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiii” ngagorowok.
Dak sakala Badega na hudang bari lulungu tuturubun nyampeurkeun Mang Samid
“Ada apa tuan ?” tembalna bangun nu reuwas.
Mang samid nu keur ngarasakeun kanyeri ambek pok na “Lain Gusti siaaa……….Gusti aing siah kehed !!!!!!” beuki
Sing horeng Badega na mang Samid nu urang Bali teh ngaranna GUSTI NGURAH OKA Parangsana ngageroan ngaran manehna meureun.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar