Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Kamis, 26 April 2012
Rinto Variasirias: ngalamun
Rinto Variasirias
ngalamun
Geleser mobil hammer kuring maju lalaunan muru hotel sanggrila Plaza. Neng jupe diuk gigireun kuring bari nyonyoo berlian pamere ti kuring. Bajuna nu lahak nembongkeun buah Vitamin nu nonjol matak kumerot nu nempo. Mobil geus nepika Benhil, ujug2 pasanggrog jeung iring2an presiden. Kuring turun nyakitu deui presiden, tuluy sasalaman bari silih rangkul.
"A pangalakeun cai yeuh!" ceuk Julia peres bari nunda ember gigireun. Kuring nu keur ngalamun bari ngalinting bako mole nguniang ceungkat tuluy ngarawel gagang ember. Sedengkeun pamajikan ngaleos muru walungan rek nyeuseuhan.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar