Jumat, 27 April 2012

Lies Tjandra Kancana Sudarma

‎Lies Tjandra Kancana Sudarma :
" KASAHA?" " Kasaha kuring nyalindung? Geus teu kuat beurang peuting, Dirungrung ku kahariwang Henteu pisan ngeunah cicing.... Hirup hayang siga batur, Hirup ngahenang-ngahening, teu aya kahariwang da hirup teu nyorangan Kasaha kuring nyalindung ? mihapekeun hate nu gering... Hanas tadina percaya, tapi sulaya tina ati manehna bet nganyenyeri,pedah kuring embung dipi-istri Bet ngaruksakna nguwak-ngawik. Kasaha atuh kuring nyalindung ? salian ti Ka Gusti nu Maha Suci Kasaha deui kuring bisa ngageuri? Bisa ceurik nyuuh kana taktakna? Kasaha ?????

Tidak ada komentar:

Posting Komentar