Rabu, 25 April 2012

Gaus Firdaus
“DIAJAR NGARANG” Rada naker ngahuleng, uteuk ngahunted nungguan sakadang inspirasi teu muntruk-muntruk. Ras inget ka Kang Yusef Muldiyana, manehna mah sok meunang inspirasi mun leuleumpangan heula, saperti indit ka jalan peuting-peuting ngadon ngaemih rebus atawa meuli martabak. Tah dina balik deuina ka imah, ujug-ujug puruluk we jadi karangan. Terus kuring nurutan ala kang Yusef, lempang ka dapur, ka tengah imah, ngagidig kas tepas. Kitu jeung kitu we bulak-balik meureung meunang tujuh rit mah, can keneh katewak eta inspirasi teh. Teras emut ka Saini KM. Saurna, anjeunamah pami bade ngarang, sok mencrongkeun sareng nyeuseup kembang ros beureum. Teu kalekeg kuring nurutan, ngan palebah kembang ros na euweuh.Ku kuring diganti ku kembang imitasi nu nyampak, kembang ros palastik pulas beureum sepa.Ku kuring diteuteup leleb naker terus lalaunan diseuseup jero pisan. Goblog!!! Tibatan meunang inspirasi kalahkah beresin terus-terusan da puguh kembang palastik bulukan pinuh ku kebul. Kuring pernah maca, mun cara-cara ngarangna Putu Wijaya praktis pisan, Anjeuna ngamimitian karangan, ku naon wae nu aya, nu karasa, nu kapanggih, nu katinggali. Dina tembok aya cacak keur gancet, tret ku kuring ditulis, saterusna paralak jadi opat paragrap. Ngan satutas dibaca deui, naha jadi karanagan jorang. Ah moal baleg diteruskeun oge diajar nyieun carponpis peuting ayeunamah. Mending sare wae. Ke dina ngimpi, urang tumaros ka pangarang panutan uing, pangersa bapa Hidayat Suryalaga.****

Tidak ada komentar:

Posting Komentar