Sabtu, 28 April 2012

Fiksimini #Raheut#

Neneng Sitanggang
Fiksimini #Raheut# Teuteup anteb, telek neuteup méga bodas nu pating aruntuy tina jandéla, Lamunan ngalayang mulek ka mangsa katukang, mangsa manéhna medar sagala rasa nu rokaha na dada... Kasono taya kendatna, kanyaah taya laasna, katresna mo aya sudana, éta angkeuhan nu harita pageuh meungket asih duaan, Kiwari kari lalakon nu sakapeung sok datang ngaléléwa, ngajak ngaguar deui rasa nu kuat nyaliara na jero dada.. Angin peuting ngananaha, bulan nu pias ngaléléwa, nyampurnakeun raheut nu gudawang, nu teuing iraha garingna...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar