Sabtu, 28 April 2012

Dedi Ruspendi: PANINEUNGAN

Dedi Ruspendi
PANINEUNGAN SMA Kelas tilu harita ka rorompok silaturahmi Bapa Yuntiwa Ramdan. Kadis peternakan Prop. Jabar. "....Wa jigana urang bakal hese panggih ayeuna mah. Abdi diangkat janten Dirjen Peternakan di Jakarta, du'akeun abdi wa....." Kitu pokna ka pun Bapa. Pun bapa teh bawahanna pagawe rendah di kantor. Nanging ditepangan ku Kapala dinas. Padahal baturna mah marunjungan ka bapa Yuntiwa Ramdan anu dileler janten Dirjen mangsa harita. Ngawilujengkeun. Pun bapa teu angkat dina acara syukuranna. Inget tutas satekah polah testing ka Telkom, PLN, Reaktor nuklir jeung sawatara dinas kuring gugur wae dina test ahir, duka ku naon? Kuring inget ka Yuntiwa Ramdan Dirjen Peternakan anu pernah Silaturahmi ka rorompok ngahaja nepangan pun Bapa memeh ka Jakarta. Kuring mundut pun bapa supados nepangan inyana. Sugan bisa ngusahakeun sangkan kuring jadi pagawe nagri. Karasa nancebna teuteup pun bapa harita "....Jang mending di titipkeun ka Yuntiwa Ramdan ku Bapa, atawa mending dititipkeun ka Allah?......". Kuring tungkul ".....Abdi peryogi modal kanggo ngertakeun ki Sunda Pa, abdi peryogi janten pagawe nagri keur modal perjuangan...." Pun bapa ngawaler "....Ahmad berjuang najeurkeun Islam sondar jadi pagawe karajaan. Sarua jeung hidep lieuk euweuh ragap taya. Pek pilih mending dititipkeun ka Allah mending dititipkeun ka Yuntiwa Ramdan?...." Kuring milih dititipkeun ka Allah. Lamun hayang memeres nagara ceuk pun bapa kudu wani neukteuk beuheung nu jadi bapa dina pingping hidep. Hidep moal boga kawani lamun jadi abdi nagara kiwari........ Kiwari kuring lain pagawe nagri tapi karasa hirup teu ripuh tur, perjuangan keur dikeureuyeuh. Muga Allah mukakeun lawang keur naratas perjuangan........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar