Kamis, 26 April 2012

Rohendi Pandeglang: ‎#Sarébu Léngkah#

Rohendi Pandeglang
‎#Sarébu Léngkah# "Lam yah talil khotuto Hamud lakon abada Wamatasa aba'ats Lafilmada jamani Bil mudawa ... " Raong kolot budak pupujian sarumanget jasa, padahal kulit ngariut, murungkut, paréot tungtung ramo ku tirisna subuh, nu ngahiliwir nabrak kobong di liliwatan jajalaneun ka Sumur Tujuh Gunung Karang. Sarébu léngkah lebakeunana, masih singgariyet kénéh ngalagé, sawirahma bedug India, ngalagu nyiaran cinta, majarkeunna eta. Tah ieu mah teu péot ramo, teu murungkut ngariut kulit, malah teu kadeuleu doang nu tiris-tiris acan. Nu aya sabalikna, haneut, deukeut-deukeut kana panas, awak, otak, haté. Kalah ka pagégéyé silih tangkeup bari ngalagé. Sarébu léngkah deui lebakeunana, di lemburna para padagang, masih kénéh pabeulit bitis, parangkul sikut, paadek beuteung, jeung éwé-éwéna séwang-séwangan. Padahal lapak di pasar Badak paranti nyiar kipayah maranéhna, geus ditaranggoan langganana. Sarébu léngkah ka baratkeun, kula ngahuleng, mikiran pilangkaheun, kudu ka rébu léngkah nu mana, kula kudu ngeunteung?!.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar