Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Selasa, 24 April 2012
Jos Sajah
"Teu perluuu ... aing teu perlu pipiti siga kieu patut". Jebrod pipiti ditajong eusina paburisat, sangu patulayah, besengek racleng narempel kana tembok kitu deui kulub endog jeung sambel goreng ati katut goreng tahu, goreng lauk mujaer mani molotot jamotrot kapengparkeun ka lebah juru.
Mun seug aing teu ngajak si Wawan kana wisuda Lilis geus tinangtu eta orok nu keur dikadung 7 bulan teh anak aing pribadi, duuuh ... Lilis !.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar