Selasa, 24 April 2012

CARPONPIS HILDA ISKANDAR ANU TOS KENGING DIREVUSU KU IS TUNING. DIJUDULAN KU YUSEF MULDIYANA:: NELEG HUNTU.

HILDA ISKANDAR
NELEG HUNTU Geus aya tilu poéna Bi Iyom hariwang ka salakina duméh tikamari teu bisa kararaban nanaon. Enya, Mang Juminta téh nyeri huntu! Ungger cenah tilu. Reugreug nempo salaki poé ieu mah Bi Iyom téh, atoh kacida pédah geus sagala di selewegkeun deui! Teu kungsi lila awug sapiring mentung ledis dihuapkeun, ngan huapan panuntungtung matak coplok jajantung. Sigana Awug téh tacan parat nepi tikoro, Mang Juminta burial buncelik eueuleugeugan. Geuwat Bi Iyom mikeun cai nu aya dina bekong, nitah diinum ku salakina. Teu sawatara lila Mang juminta ngahuleng, tuluy nyéréngéh. "Ku naon ari singa Mijud, bet ngareureuwas ?" "Iyooooommmm....deuleu huntu uing kateleg tilu-tiluna," pokna téh bari nyengir!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar