Selasa, 24 April 2012

Dery Andriawan
Kabayan, Iteung jeung Pamuda: Kabayan jeung Iteung anu geus jadi aki nini, asup ka Kentucky bari patungtun-tungtun. Diuk di korsi panjang disagigireun pamuda. Si Kabayan mesen hiji dada hayam, sapiring kentang goréng jeung, hiji téh botol. Saeunggeus pesenan aya di luhur méja, Si Kabayan ngabagi dada hayam jadi dua, , ngabagi kentang goréng jadi dua piring, térus nyokot sedotan dua, diasupkeun kana téh botol anu disimpen di tengah-tengah. Kabayan ngamimitian dahar anu jadi bagianana, sedengkeun Iteng ngan ukur ningalikeun. Pamuda ngarasa karunya “Aki, sawios ku abdi..” can bérés ngomong, geus ditembalan ku Kabayan “teu kedah, hatur nuhun. Kuring biasa ngabagi dahareun anu sarua”. Nepi Kabayan réngsé dahar, Iteung masih nungguan, teu noél kana dahareun hareupeunana. Pamuda ngadekeutan ka Iteung, bari ngomong “Ni, sawios ku abdi dipangagaleuhkeun nu sanés, bilih Nini teu resep kanau ieu”. Iteung nembalan. “Sawios, hatur nuhun”. Ku panasaran éta Pamuda, nanya deui “Naha ari Nini, ukur ningalikeun Aki na barang tuang, ari tuangeun Nini teu di toél-toél acan?”. “Kuring keur nungguan Huntu palsu, gantian jeung Akina!” ceuk Iteung, bari nyengir ningalikeun ompongna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar