Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Kamis, 26 April 2012
Rinto Variasirias: Dudukun
Rinto Variasirias
Dudukun
"Omat, teu kengeng kacandak kahampangan nya!" bah Wirya ngasongkeun lawon bodas. "muhun, mangga ki!" jang Yana buru-buru nampanan tuluy di keupeul kuduanana bangun nu sieun kabur. Jorelat pikirana ngadadak lumpat ngagambar rengkak nyi Esih nu nampik manehna, nyeh seuri sorangan, sedengkeun bah wirya nu keur anekak mere papatah teu kadenge. "Tah ieu caina kedah diibakeun nya!" ceuk bah Wirya, bari ngeserkeun cai na botol aqua. Jang Yana nu keur anteng kagusur deui fikiranana ku botol nu ngeser kahareupeuna. "muhun ki! Cenah bari ngarawu botol.
Sabada narima isim jeung cai, jang Yana amitan bari teu poho nyelapkeun amplop bari sasalaman. Sanggeus tamuna balik bah Wirya tuluy kapangkeng. Berewek nyoekeun amplop. Gorehel teh duit salambar gambar tuanku imam bonjol. "Beu! Nepika kituna eta bebenyit?" bah Wirya ngagerendeng sorangan bari gogodeg.
Sabulan ti harita kabejakeun nyi Esih aya nu nanyaan terusna kawin ka jang Udung alona bah Wirya.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar